Kembang Beureum

Kembang Beureum
Kembang Beureum

Udin geus ginding rek ka imah awewe nu diincerna. Memeh ka imah awewe nyimpang heula ka tukang kembang.

Udin : “Mang…, kembang nu beureum hiji….”

Tukang Kembang : “ Rek apel Jang….?"

Udin : “Muhun Mang.”

Tukang Kembang : “Hebat lah meni romantis."

Udin : “Udin tea atuh…,  eh …Mang hiji deui we kembangna Mang…”

Tukang Kembang : "Keur saha deui Jang..?"

Udin : "Keur adina Mang, sok delak delek wae. Jigana bogoheun oge ka abdi.”

Tukang Kembang : “Meni hawek Jang…”

Udin  : “Wah Mang urang hanca we duanana…. eh…ketang hiji deui we Mang kembangna."

Tukang Kembang :  "Keur saha deui Jang….?????"

Udin : "Keur indungna Mang, lumayan geulis keneh katingalina mah. Mun abdi ka dinya sok melong wae. Sigana sarua bogoheun ka abdi."

Tukang Kembang : "Beueu... Boa edan, Budak ngora ayeuna ku nurustunjung". (Jero hate)

Singkat carita, Udin nepi ka imah kabogohna. Udin geus didagoan ku kabogohna, adina jeung indungna rek diajak dahar bareng. Ngan memeh dahar ngadagoan heula bapana can balik gawe.

Teu lila torojol bapana datang,  Udin langsung tungkul mingpin do’a. Meni khusu, da hayang kapaké meureun.
Meni lila Udin nga do'ana, sarerea geus cangkeul. Udin kalah beuki tungkul. Kabogohna kesel, tuluy noel bari ngaharéwos.

“ Teu nyangka geuning Aa teh meni religius, ngado’a ge meni lami pisan.”

Udin bari masih keneh tungkul, teu kuat bari semu nahan ceurik nembalan bari ngaharéwos.

“Aa teu nyangka, geuningan bapa Eneng teh tukang kembang...."
😂😂😂

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...