Posts

Showing posts with the label Ambulan

Ambulan Rumah Sakit Jiwa

Image
Ambulan Rumah Sakit Jiwa kapaksa eureun di jalan sabab ban na bocor. Sabot keur ngaganti ban, bakat ku kesel eta supir najong ban mobil, atuh eta baud teh aya nu ngacleng 4 laleungitan. Bari reuwas supir kukulutus bari ngomong rada tarik : "Waduh, kumaha ieu masangkeun ban , baud na racleng laleungit..?? ?!" Salah saurang pasien nu gelo na jero mobil ngomong .: "Kang, , coplokeun we tuh hiji baud tina masing-masing 3 ban eta, terus pasang keun kana ban anu coplok baud na tadi, jadi engke tiap ban meunang 3 baud, engke mun aya toko baud, tingal meuli 4 jang ngagantian nu tadi..." Supir rada reugreug ayeuna mh... "Pinter oge maneh euy... Tapi, naha maneh bisa asup rumah sakit jiwa ..??" Pasien di jero mobil ngajawab : "HELLOOOWW.. !!! Pliiiis dech.. !! Kami-kami mah ngan saukur GELO, lain BELEGUG siga ilaing . !! 😛😜😬😊😊😊