Posts

Showing posts with the label Pamajikan

Guntreng Salaki Jeung Pamajikan

Image
GUNTRENG SALAKI JEUNG PAMAJIKAN Icih : "Akang menta duit?" Udin : "Duit jang naon? Pan keur balanja mah geus dibéré ku Akang." Icih : "leu mah lain jang balanja kang,  tapi jang renang ... ceuk batur mun lcih rajin renang ngké awak lcih bakal langsing Kang..." Udin : "Ulah percaya éta mah hoax Cih..., tempo ku manéh lauk paus gè sapopoè renang di laut anger wé... gendut, teu langsing-langsing...!" Icih : "Oh nya entos atuh lcih mah ayeuna rék indit balanja sayuran heula ka pasar..." Udin : "Sakalian Cih... meuli bubuahan nyaaa..." Icih : "Jang naon Kang?" Udin : "Jang didahar atuh.... pan ceuk batur , lamun loba ngadahar buah ngkè kulit beungeut akang bakal mulus - tambah cerah , kagantengan akang bakal nambah ... pan manéh kénéh nu bakal reueus mun boga salaki kasép mah...!" Icih :  "Ulah percaya Kang éta mah hoax, tempo monyét unggal poé dahar buah angger wé beungeutna jiga NU MACA..... !!!"  ..

Teu Pira

Image
"TEU PIRA" Dina hiji isuk-isuk, salaki nyarita ka pamajikanna: “Nyi punten pangnyieunkeun cikopi nya…”. Pamajikan : “mangga kang..” . Bari ngaleos ka dapur, teu lila balik deui mawa cikopi . Salaki : ” Nyi.. wios akang boga kabogoh ? Teu pira ngoraan ti nyai saeutik hehehe..”. Pamajikan : ” Mangga kang teu sawios ..”. Salaki : “Asyiiik… mun eta kabogoh dikawin ku akang kumaha tah ? Teu pira ngan sapeuting weh nyi ..”. Pamajikan : “Mangga wae akang sayang…” Salaki : “baguuuuss.. eta namina istri anu bageur solehah, hehe..”. Bari nyuruput cikopi, nikmat Kopi Bali tea. Salaki : “Nyi.. naha kopi teh asa pait kieu ??” Pamajikan : ”TEU PIRA KANG DICAMPURAN RACUN BEURIT SA SENDOK..”... 😂😂😂