Posts

Showing posts with the label racun

Teu Pira

Image
"TEU PIRA" Dina hiji isuk-isuk, salaki nyarita ka pamajikanna: β€œNyi punten pangnyieunkeun cikopi nya…”. Pamajikan : β€œmangga kang..” . Bari ngaleos ka dapur, teu lila balik deui mawa cikopi . Salaki : ” Nyi.. wios akang boga kabogoh ? Teu pira ngoraan ti nyai saeutik hehehe..”. Pamajikan : ” Mangga kang teu sawios ..”. Salaki : β€œAsyiiik… mun eta kabogoh dikawin ku akang kumaha tah ? Teu pira ngan sapeuting weh nyi ..”. Pamajikan : β€œMangga wae akang sayang…” Salaki : β€œbaguuuuss.. eta namina istri anu bageur solehah, hehe..”. Bari nyuruput cikopi, nikmat Kopi Bali tea. Salaki : β€œNyi.. naha kopi teh asa pait kieu ??” Pamajikan : ”TEU PIRA KANG DICAMPURAN RACUN BEURIT SA SENDOK..”... πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚