Posts

Showing posts with the label Sedih

Surat Ti Indung

Image
SURAT TI INDUNG sakali deui aaaah bahasa mangle panggeuing keur hate anu tibra sare Anaking, anak Ema, kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna lembur nu beda jeung lembur urang baheula Anaking, anak incu mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema geus lain Ema anu baheula ! Anaking, kamelang Ema!mun hidep nyaah ka Ema,teu kudu bingung mulang tarima , tapi cukup bejaan Ema:yen hidep geus jadi jalma soleh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadahbari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Anjeuna Anaking, mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema: yen hidep nyaah ka Ema akur jeung dulur runtut-raut sauyunan silih hargaan silih elingan silih tulung silih bantu gogonjakan jiga baheula! Anaking, pang bejakeun ka anak incu hidep, yen Ema nyaah ka hidep! nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na, nyaah ku sumanget na! Bejakeun ka kulawarga hidep Ema geus nepi ka nu dituju, Ema r