Posts

Showing posts with the label urang

Teroris Urang Sunda

Image
Entis ditewak ku pulisi gara-gara di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka penjara. Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana : "Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di penjara, euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon atuh..." Si Entis ngabales surat: "Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...." Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas penjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus. Isukna, datang sapeleton Densus ka imah bapana si Entis , teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput. Sorena sanggeus tim Dénsus baralik, bapa si Entis ngirim surat:  "Tis tadi aya tim Densus cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???" Si Entis ngabales suratna: "Pan Densus geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakke

Basa Nu Tos Jarang Di Angge Ku Urang Sunda

Image
Assalamualaikum.. Daramang dulur dulur...? Ieu bade ngemutan kasadayana...Basa anu parantos jarang di anggo ku Urang Sunda... 1. Atah Anjang = Langka Silih Anjangan 2. Adigung Adiguna = Takabur, Sombong 3. Ambek Nyedek tanaga Midek = Nafsu gede tapi tanaga euweuh 4. Anjing Ngagogogan kalong = Mikahayang Nu lain- lain 5. Adat kakurung ku Iga = Lampah Goreng Hese Leungitna 6. Alak Paul = Jauh Pisan 7. Aki-aki tujuh Mulud = Geus kolot Pisan 8. Ayem Tengtrem = Tenang teu aya kasieun 9. Asa teu Beungeutan = Awahing ku era 10. Anu Borok dirorojok = Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka 11. Amis budi = Hade Paroman 12. Aya jurig Tumpak Kuda = aya Milik Nu teu disangka-sangka 13. Aya jalan Komo meuntas = Aya Kahayang aya Nu ngajak 14. Awewe Dulang tinande = Awewe nurutkeun kahayang salaki 15. Amis Daging = Babarian Katerap Panyakit 16. Abong Letah teu Tulanga n = Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun Batur 17. Ari umur Tun