Posts

Showing posts with the label Manfaat

Manfaat Daun Sampeu Keur Kulit Karijut

Image
MANFAAT DAUN SAMPEU KEUR KULIT KARIJUT Diantara ciri umur ngolotan nu teu bisa disumputkeun dina juru panon jeung dina beuheung kaciri kulit teh peot/karijut. Najan geus jadi takdir, tapi keukeuh wΓ© sok jadi bangbaluh. Ubar nu kacida Γ©ntΓ©ngna tapi hasiatna hadΓ©, nyaΓ©ta ku daun sampeu ngora.. Pilihan daun sampeu nu ngora kΓ©nΓ©h/pucukna. Kumbah ku cai beresih, ulah lila teuing ngarah teu keuna bakteri. Seupan atawa kulub satengah mateng, tapi teu nanaon nepi ka asak ogΓ© Tu'uskeun, ulah nepi ka garing! Bisa ogΓ© dipeureut. Nyieun sambel jeung ngagorΓ©ng Gurame.  Sadiakeun sangu parΓ© anyar. Tuang sing nepi ka wareg !!! URUSAN KULIT KARIJUT MAH KE DEUI WΓ‰ LAH, NIKMAT KΓ‰NΓ‰H DAHAR JEUNG GURAME GEURA...!!