Posts

Showing posts with the label pajeg

Aki Mayar Pajeg Motor

Image
Obrolan Aki jeng Incu Incu : "Aki, tos timana, meni gaya kana motor..?" Aki : "Geus mayar rujak , jang.. tah sakieu hargana gé.." Incu : "Oh gening aki téh tos mayar pajak ." Aki : "Enya, tuh diditu tempatna téh, di kantor bangsat..! Incu : "Ah, aki mah aya-aya waé.. Kantor Samsat meureun, ki.." Aki : "Enya di kantor éta, jang.. Da aki téh kudu mawa nu kieu, tah.. pélkabé jeung sirop ésnangka..." Incu : "Nukitu teh namina buku bépékabé, jeung surat éstéénka..." Aki : "Oh... Enya, lieur aki téh, pédah tadi ku petugas awéwé, dititah ngeusian formalin, kudu maké lipen, teu meunang popolotot..." Incu : "Maksudna kumaha aki téh, ngeusian formulir, nganggé pulpén, teu kenging ku patlot, kitu..?" Aki : "Enya tah kitu, kusabab aki téh telat, nu telat mah bakal ditambahan randa, cenah.." Incu : "Sanes randa atuh ki, denda..!" Aki : "hehehe, enya... Ogé