Posts

Showing posts with the label Supir

Supir Treuk Ditilang

Image
SUPIR TREUK DITILANG  Saurang Supir Treuk keur jongjon ngajalankeun Treukna , tapi ti tukang ujug ujug disalib ku Mobil Patroli Pulisi jeung di ereunkeun Treukna : Pulisi  : " Wilujeng Wengi Pa " ( bari ngahormat ) Supir   : "Wilujeng Wengi , aya naon ieu teh Pa...? " ( bari rada sieun oge ku Pulisi )   Pulisi  :  "Tiasa ningal heula Serat Serat Kendaraan na Pa ?" Supir   :  "Ieu aya Pa , sadayana lengkep SIM, STNK sareng KTP ge aya Pa " ( bari ngasongkeun dompet surat surat ). Pulisi   : "Muhun ieu tos lengkep. Tapi ti iraha Bapa ngajalankeun Treuk bari teu nganggo Lampu Tukang ?" Supir   :  "Haah Maenya Pa ?" ( bari terus ka tukang nempo Treuk na ) Sanggeus nempo lampu tukang Treuk na, eta Supir ceurik teu sirikna bari gogoakan ... Jiga nu sedih pisan nempo Lampu tukang Treukna. Ningali kitu mah Pulisi ge karunyaeun , terus ngadekeutan jeung ngomong ka Si Supir .... Pulisi   :  "Tos tos Pa

Si Nyai Naek Beus

Image
Nyai (13 th) budak urang Pangandaran dianteur indungna megat beus . 👷 Kenek beus : "Bandung.... Bandung Buu...." 👩 ​Indungna Si Nyai : "Pa tulung nya, engke mun geus nepi ka Garut, pangbejaankeun ieu budak..." 👷 Kenek : "Mangga Bu...Tariiiikkk" 🚌Di terminal Ciamis, Nyai nanya ka kenek beus, Nyai : "Tos dugi ka Garut.... acan Mang ?" 👷 Kenek : "Teu acan Nyi... masih lila keneeh...."  Nepi Tasik, Nyai nanya deui, Nyai : "Tos dugi ka Garut teu acan Mang....?" 👷 Kenek : "Acan Nyi masih jauuuuhh..." 👶​Nyai bosen tatanya terus.  Akhirna kasarean. Beus terus maju arah ka Bandung. Teu karasa geus liwat Garut nepi ka Samarang. Kenek poho pesen indungna si Nyai. Pas inget, kernet langsung ngomong ka supir, 👷 Kenek : " Duuh Kang.... kuring asa dosa ka budak eta"  bari nunjuk ka si Nyai nu tibra sare. 😎 Supir : "Kunaon kitu....?" 👷 Kenek : "Indungna tadi