Posts

Showing posts with the label Ngumbara

Papagah Sunda | Hirup Ukur Ngumbara

Image
Kade nitip cu !, Ucap laku lampah Ulah nepi ka ngaraheutkeun HATE jeung PERASAAN batur. Sabab sangetna leweung, leuwih sanget ucapan jalma. Sekeutna pedang, leuwih sekeut Letah jelma nu raheut hate. Saucap nyata saciduh metu KADE CU.. Jaga, ulah rasa maneh pang aingna. Urang teh di alam Dunya ngan sa ukur ngumbara. Sagala kasenangan Dunya ukur pangbibita. Rupa ukur pupulasan . harta banda ukur titipan . Hirup moal salawasna senang. Hirup moal salilana peurih. Aya beurang aya peuting. Aya kasedih aya oge kabungah. Aya kasusah pasti aya kabagjaan. Kanyeri kapeurih pasti bakal aya ubarna. Boga Katugenah pasti bakal dibales kabungah. Sagalana oge pasti bakal aya jalanna jeung balesanna. Tina sagala anu tos karandapan ku diri urang. Pasti bakal aya hikmahna. .Hariring lain nu kuring .Haleuang lain nu urang . .Hariring nu Maha WΓ©ning .Haleuang nu Maha WΓ©nang . Eling-eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa . Nyucruk g