Nyanyian Sunda Kolot Baheula

π
Hayu urang bernostalgila π 1 . Ucang-ucang angge Ucang-ucang angge Mulung muncang ka parangge Digogog ku anjing gede Anjing gede nu pa lebe Ari gog gog cucungung π 2. Trang trang kolentrang Trang trang kolentrang Si londok paeh nundutan Mesat gobang kabuyutan Tikusruk kana durukan π 3. Tongtolang nangka Tongtolang nangka Kawinan bapa Poe salasa teu beja-beja Aduh-aduh si bapa Teungteuingin ka ema Bapa mah suka-suka Jeuh nu ngora π 4. Cingcangkeling Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong Bapa satar buleneng π 5. Tokecang Tokecang-tokecang Malik pendil tosblong Angeun kacang angeun kacang Sapariuk kosong π 6. Japati Aya hiji kurung Pinuh ku japati Japati kaluar Disada uok-uokan Alim ka ramana Alim ka ibuna Hoyong ka putrana Nu centik bulu socana π 7. Colenak Colenak beuleum peuyeum digulaan Awas bom batok (2X) Rebu-rebu randa montok Leumpangna dicentok-centok Sieun nincak tai...