Posts

Showing posts with the label dipercaya

Hayang kapake jeung dipercaya mah ditungtungan ku huruf T

Image
Saur sepuh oge hirup jelema hayang kapake jeung dipercaya mah ditungtungan ku huruf T , geura urang beberkeun : Umat anu ta'aT gΓ©de duriaT Imana kuaT Tumut nasehaT CΓ©kΓ©l amanaT Tara khianaT Yakinkeun syahadaT Nanjeurkeun sholaT Puasa tamaT Mere zakaT Kahaji mangkaT PamadΓ©gan tΓ©paT Awak sehaT Bhatin wal afiaT Elmuna mangfa'aT Boga bakaT Gawe giaT Pagaweanna maslahaT RΓ©jΓ©ki ningkaT Tutulung rikaT Ka sasama hormaT Tara ngumpaT Tara maksiaT Alam dirawaT Masyarakat kabengbaT Luhur martabaT Loba sobaT MindΓ©ng tirakaT Salawasna tobaT Meunang rahmaT Dunya nikmaT Sugema akheraT Jujur jadi pajabaT Kapake masyarakaT Diaku ku RakyaT . Dina Poe KiamaT Hirup salamaT Aya nu kaliwaT ... Pamajikan opaT Hahaha ... Saha nu minaT ? Moal kuaT !!!! Maafkan aku sobaT ... πŸ™πŸ™πŸ™πŸ˜πŸ˜