Teroris Urang Sunda

Teroris Urang Sunda
Entis ditewak ku pulisi gara-gara di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka penjara.

Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana :

"Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di penjara, euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon atuh..."

Si Entis ngabales surat:"Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...."

Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas penjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus.

Isukna, datang sapeleton Densus ka imah bapana si Entis, teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput.

Sorena sanggeus tim Dénsus baralik,
bapa si Entis ngirim surat: "Tis tadi aya tim Densus cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???"

Si Entis ngabales suratna: "Pan Densus geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakkeun jagongna..."

Petugas rutan nu nyensor deui suratna langsung ngagoak, "Gélooo siah aing katipu ku si Entis, boro2 naek pangkat !!!!"👏😅😂

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...