Nu Mantak Ngabatalkeun Puasa

Nu Mantak Ngabatalkeun Puasa
Bilih hilap deui nu ngabatalkeun puasa maklum tos sataun....

"NAON WAE ARI NU NGABATALKEUN PUASA ?"

Sakedap deui urang bde ngalakonan puasa, dina enggoning puasa kahade aya anu perelu di perhatoskeun, saurna mah aya tujuh rupa anu matak ngabatalkeun kana puasa, nya eta :

1. DIUK

Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,belewek dihuapkeun eta nu matak ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis éta gé sarua batal puasana

2. LUMPAT

Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol langsung disuruput éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.

3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING

Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas terus diuyup

4. SURA SEURI

Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.

5. NGALAMUN

Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.

6. MAEN FACEBOOK atawa WA

Maen Facebook atawa Whatsapp ogé matak ngabatalkeun puasa lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus Rokok,tuluy diopi.

7. HITUT

Hitut dijero cai bari teuleum terus ngaregot caina,...atawa hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatalkeun kana puasa, hitutna waé bisa ngabatalkeun wudlu, komo mun bari ngadahar kulub hui mah, pasti batal puasana...

Wilujeung Mayunan Sasih shaum 🙏🙏🙏😀😀😀😜

No comments:

Powered by Blogger.