Si Nyai Naek Beus

Si Nyai Naek Beus
Nyai (13 th) budak urang Pangandaran dianteur indungna megat beus.

👷Kenek beus : "Bandung.... Bandung Buu...."

👩​Indungna Si Nyai : "Pa tulung nya, engke mun geus nepi ka Garut, pangbejaankeun ieu budak..."

👷Kenek : "Mangga Bu...Tariiiikkk"

🚌Di terminal Ciamis, Nyai nanya ka kenek beus,

Nyai : "Tos dugi ka Garut.... acan Mang ?"

👷Kenek : "Teu acan Nyi... masih lila keneeh...."

 Nepi Tasik, Nyai nanya deui,

Nyai : "Tos dugi ka Garut teu acan Mang....?"

👷Kenek : "Acan Nyi masih jauuuuhh..."

👶​Nyai bosen tatanya terus.  Akhirna kasarean. Beus terus maju arah ka Bandung. Teu karasa geus liwat Garut nepi ka Samarang. Kenek poho pesen indungna si Nyai. Pas inget, kernet langsung ngomong ka supir,

👷Kenek : "Duuh Kang.... kuring asa dosa ka budak eta"  bari nunjuk ka si Nyai nu tibra sare.

😎Supir : "Kunaon kitu....?"

👷 Kenek : "Indungna tadi titip pesen mun geus nepi Kota Garut bejaan eta budak.... !!"

😎Supir : "Waah.... kumaha ari silaing.... pan Garut geus jauh"

Jawab supir, bingung. 🌿Sanggeus menta ijin ka panumpang  sejenna, akhirna beus balik deui ka Garut, kulantaran karunya ka si Nyai masih budak keneh, penumpang kabehan satuju mobil balik deui ka Garut.

👷Kenek : "Nyi...nyai hudang geus nepi Garut... bari nepakan awak si Nyai..."

👶​Si Nyai ngorejat,

Nyai : "Geus nepi ka Garut Maang..." terus si Nyai buru buru muka sangu timbel ti indungna, oncom lauk asin sambel... belewek dahar...

👷Kenek : "Lain arek turun di dieu ....?"

👶​Nyai : "Henteu Mang.... paan uing mah arek ka Bandung......pesen si Ema mun geus nepi ka Garut .. bekel sangu timbel ti Ema kudu didahar," jawab si Nyai bari ngahuap sanguna.

👬Kenek, supir, jeung kabeh penumpang ngomong bareng : "Dasar si Borokokok .... atah adol budak teh...."

hiburan heula.....wilujeng wayah kieu.....
wilujeung  gumujeng seuri sing ikhlas
🙏🙏🙏🙏

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...