Papagah Sunda | Hirup Ukur Ngumbara

Papagah Sunda | Hirup Ukur Ngumbara
Kade nitip cu !,
Ucap laku lampah Ulah nepi ka ngaraheutkeun HATE jeung PERASAAN batur. Sabab sangetna leweung, leuwih sanget ucapan jalma. Sekeutna pedang, leuwih sekeut Letah jelma nu raheut hate. Saucap nyata saciduh metu KADE CU.. Jaga, ulah rasa maneh pang aingna.

Urang teh di alam Dunya ngan sa ukur ngumbara.
Sagala kasenangan Dunya ukur pangbibita.
Rupa ukur pupulasan .
harta banda ukur titipan .
Hirup moal salawasna senang.
Hirup moal salilana peurih.
Aya beurang aya peuting.
Aya kasedih aya oge kabungah.
Aya kasusah pasti aya kabagjaan.
Kanyeri kapeurih pasti bakal aya ubarna.
Boga Katugenah pasti bakal dibales kabungah.
Sagalana oge pasti bakal aya jalanna jeung balesanna.
Tina sagala anu tos karandapan ku diri urang.
Pasti bakal aya hikmahna.

.Hariring lain nu kuring
.Haleuang lain nu urang
.
.Hariring nu Maha Wéning
.Haleuang nu Maha Wénang
.
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
.
Nyucruk galur ti Karuhun
Nutur lacak para Wali
Nu nyambung ka balarea
Titinggal ti Nini Aki
Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih
.
Pepeling Jalan Pituduh
Nuduh keun diri cing lirih
Hahalang lugay disingray
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh cing repeh rapih
.
Repeh rapih nu salembur
Kacai jadi saleuwi
Kadarat jadi salogak
Pageuh pakuat pakait
Ulah ingkah balilahan
Ancrubna ngajadi hiji
.
Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Keudalkeun katineung ati
Ka Ibu sareng ka Rama
Neneda ka Maha Suci

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...