Kacang Mete Nikmat, Gurih dan Renyah

Kacang Mete Nikmat, Gurih dan Renyah
```"Ni, nepangkeun abdi Pa Camat sareng Pa Lurah..."

Nini Iloh : “Oh, mangga caralik ari sugan teh sanes menak hungkul..."

Waktu keur ngobrol, tos kasampak dina meja aya sagala rupa kueh-kueh maklum suasana masih lebaran keneh,diantara kadaharan eta aya nu pikabitaeun nyaeta kacang mete dina toples leutik da ari kueh mah geus rada gariung jeung sieun panyakit gula.

 “Nini teu kenging repot-repot ieu meni tos sagala rupi, Nini ieu di tampi kacang Mente na..?"

Nini : “oh .. mangga mangga sok di raosan sing kenging hapunten teu aya nu sae …”

Bakating ku ngeunahna eta kacang mente teu karasa bari ngobrol tepi ka beak sa toples ku Pa Camat jeung Pa Lurah.

   “ Waduh Nini, ieu dugi ka seep kieu kacang metena ku abdi..!!"

Nini : “Oh, teu sawios bingah we ari di seep keun mah da didieu oge saha nu nuang na, nini mah tos teu kiat nuang na oge , maklum waos nini mah tos seep tos teu aya kanggo nga gegelna,… syukur atuh ari disareepkeun mah..! "

   “ Nini meni kersaan sareng raos deuih nya gurih nya ngepros… ngadamel nyalira Ni..?”

Nini : “ Ah Henteu Menak…, ari Nini mah kaseneng teh ti ka pungkur Coklat matak Waos engal seep oge, nya sok di kintunan ku marurangkalih ku incu Silver Queen coklat Kacang mente…, nya ku nini teh di kemotan we bari dikolomoh coklatna hungkul nepi ka bersih, teras kacangna di kempelkeun dugi ka kenging sa toples sukur bae upami ditaruang mah janten teu mubadzir kacang kenging ngolomoh mini teh..."```

UWALAAAAAAAAH... PA CAMAT LANGSUNG NGABURILENG... PA LURAH NGADADAK LIEUUUUUR KATURELENGAN.... GUBRAAAAAAAAAAAG...
DUANANA PINGSAN APLUSAN
😂😂😂

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...