-->

Muslim, Beunghar, Suka Sodaqoh Tapi Maot Asup Ka Naraka, Ieu Sababna ?

Muslim, Beunghar, Suka Sodaqoh Tapi Maot Asup Ka Naraka, Ieu Sababna ?
Caritana aya saurang lalaki muslim, sebut we Kosasih, beunghar,   sarta ahli ibadah jeung shodaqoh,  maot tapi naha asup ka  naraka?.

Malaikat : "Sabaraha hiji anjeun boga imah ? ".

Kosasih : "Opat".

Malaikat : "Mobil?". 

Kosasih: "Lima". 

Malaikat : "Harta kakayaan anjeun digunakeun  keur naon wae? "

Kosasih : "Abdi tos Haji 5 kali, Umroh  unggal taun,  infaq shodaqoh unggal dinten,  nyumbang ngabantu sababaraha masigit"

Malaikat : "Alus,  kukituna anjeun  kudu ka sawarga. jig indit tuh ka sawarga"
Kosasih gancang lumpat ka panto sawarga,  tapi karek ge nepi geus digeroan deui ku Malaikat. 

Malaikat : "Hei ..Kosasih,  .., tunggu. aya hiji pananya deui"

Kosasih : "Aya naon deui  Malaikat? "

Malaikat : "Sabaraha urang ari pamajikan anjeun? "

Kosasih : "Mung hiji Malaikat"

Malaikat : "Naha ngan hiji?  Pan anjeun beunghar , sanggup boga pamajikan leuwih ti hiji"

Kosasih : "Abdi teu wantun,  sieun ku   istri  abdi ...!". 

Malaikat : "Taaahh ieu  masalahna. Anjeun teu jadi asup ka sawarga, ayeuna gancang ka Naraka"

Kosasih : "Naha jadi kieu,  naon salah jeung dosa abdi? "

Malaikat : "Nu ngaranna sieun ngan ka Gusti Allah,  anjeun malahan sieun ku pamajikan,  hal eta nu nyababkeun anjeun ka naraka"

Kosasih ngagorowok : "Emaaaaaaaaa.....kaduhung teu nyanduung......".
Techy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ART
Techy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ARTTechy Pranav PKD ART