Posts

Showing posts with the label Sunda

Supir Treuk Ditilang

Image
SUPIR TREUK DITILANG  Saurang Supir Treuk keur jongjon ngajalankeun Treukna , tapi ti tukang ujug ujug disalib ku Mobil Patroli Pulisi jeung di ereunkeun Treukna : Pulisi  : " Wilujeng Wengi Pa " ( bari ngahormat ) Supir   : "Wilujeng Wengi , aya naon ieu teh Pa...? " ( bari rada sieun oge ku Pulisi )   Pulisi  :  "Tiasa ningal heula Serat Serat Kendaraan na Pa ?" Supir   :  "Ieu aya Pa , sadayana lengkep SIM, STNK sareng KTP ge aya Pa " ( bari ngasongkeun dompet surat surat ). Pulisi   : "Muhun ieu tos lengkep. Tapi ti iraha Bapa ngajalankeun Treuk bari teu nganggo Lampu Tukang ?" Supir   :  "Haah Maenya Pa ?" ( bari terus ka tukang nempo Treuk na ) Sanggeus nempo lampu tukang Treuk na, eta Supir ceurik teu sirikna bari gogoakan ... Jiga nu sedih pisan nempo Lampu tukang Treukna. Ningali kitu mah Pulisi ge karunyaeun , terus ngadekeutan jeung ngomong ka Si Supir .... Pulisi   :  "Tos tos Pa

Aki Mayar Pajeg Motor

Image
Obrolan Aki jeng Incu Incu : "Aki, tos timana, meni gaya kana motor..?" Aki : "Geus mayar rujak , jang.. tah sakieu hargana gé.." Incu : "Oh gening aki téh tos mayar pajak ." Aki : "Enya, tuh diditu tempatna téh, di kantor bangsat..! Incu : "Ah, aki mah aya-aya waé.. Kantor Samsat meureun, ki.." Aki : "Enya di kantor éta, jang.. Da aki téh kudu mawa nu kieu, tah.. pélkabé jeung sirop ésnangka..." Incu : "Nukitu teh namina buku bépékabé, jeung surat éstéénka..." Aki : "Oh... Enya, lieur aki téh, pédah tadi ku petugas awéwé, dititah ngeusian formalin, kudu maké lipen, teu meunang popolotot..." Incu : "Maksudna kumaha aki téh, ngeusian formulir, nganggé pulpén, teu kenging ku patlot, kitu..?" Aki : "Enya tah kitu, kusabab aki téh telat, nu telat mah bakal ditambahan randa, cenah.." Incu : "Sanes randa atuh ki, denda..!" Aki : "hehehe, enya... Ogé

Nyanyian Sunda Kolot Baheula

Image
πŸ… Hayu urang bernostalgila 🍏 1 . Ucang-ucang angge Ucang-ucang angge Mulung muncang ka parangge Digogog ku anjing gede Anjing gede nu pa lebe Ari gog gog cucungung πŸ‡ 2. Trang trang kolentrang Trang trang kolentrang Si londok paeh nundutan  Mesat gobang kabuyutan Tikusruk kana durukan 🍊 3. Tongtolang nangka Tongtolang nangka Kawinan bapa Poe salasa teu beja-beja Aduh-aduh si bapa Teungteuingin ka ema Bapa mah suka-suka Jeuh nu ngora πŸ‘ 4. Cingcangkeling Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong Bapa satar buleneng πŸ“ 5. Tokecang Tokecang-tokecang Malik pendil tosblong Angeun kacang angeun kacang Sapariuk kosong 🍎 6. Japati Aya hiji kurung Pinuh ku japati Japati kaluar Disada uok-uokan Alim ka ramana Alim ka ibuna Hoyong ka putrana Nu centik bulu socana πŸ‰ 7. Colenak Colenak beuleum peuyeum digulaan Awas bom batok (2X) Rebu-rebu randa montok  Leumpangna dicentok-centok  Sieun nincak tai kotok 8. B

Hebatnya Bahasa Sunda

Image
"HEBATNYA BAHASA SUNDA" ~ Kata  "JATUH" Kalau dalam Bahasa Indonesia, mau jatuh ke arah manapun tetap dikatakan  "JATUH". Begitu juga dalam bahasa Inggris = "FALL".          Sedangkan dalam bahasa SUNDA , punya perbendaharaan kata yang banyak sekali dan tidak dimiliki bahasa manapun πŸ‘πŸ‘; Jatuh dari atas = MURAG Jatuh ke belakang = NGAJENGKANG Jatuh ke depan = TIKUSRUK Lalu, jika dikaitkan lagi dengan kondisi jatuhnya ; Jatuh terlempar = NGAJUNGKEL Jatuh karena tersandung = TIKOSΓ‰WAD Jatuh terus meluncur = NGAGOLOSOR Jatuh ke dalam lobang = TIGEBRUS Jatuh Terpeleset =  TISEUREULEU Jatuh dari tempat tidur = NGAGUBRAG Jatuh tidak sengaja = TIJALIKEUH Jatuh tertidur = KASIREP Jatuh disertai kehilangan kesadaran = KAPIUHAN Jatuh enggak bangun-bangun = BOA-BOA KOJOR Jatuh terguling-guling = NGAGULUTUK Jatuh meluncur tanpa ada penahannya = MOROSOT Jatuh Cinta= BEGÈR Jatuh miskin = MALARAT Jatuh dari lantai 12 = MODAR SIAH

Teu Pira

Image
"TEU PIRA" Dina hiji isuk-isuk, salaki nyarita ka pamajikanna: “Nyi punten pangnyieunkeun cikopi nya…”. Pamajikan : “mangga kang..” . Bari ngaleos ka dapur, teu lila balik deui mawa cikopi . Salaki : ” Nyi.. wios akang boga kabogoh ? Teu pira ngoraan ti nyai saeutik hehehe..”. Pamajikan : ” Mangga kang teu sawios ..”. Salaki : “Asyiiik… mun eta kabogoh dikawin ku akang kumaha tah ? Teu pira ngan sapeuting weh nyi ..”. Pamajikan : “Mangga wae akang sayang…” Salaki : “baguuuuss.. eta namina istri anu bageur solehah, hehe..”. Bari nyuruput cikopi, nikmat Kopi Bali tea. Salaki : “Nyi.. naha kopi teh asa pait kieu ??” Pamajikan : ”TEU PIRA KANG DICAMPURAN RACUN BEURIT SA SENDOK..”... πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚

Muslim, Beunghar, Suka Sodaqoh Tapi Maot Asup Ka Naraka, Ieu Sababna ?

Image
Caritana aya saurang lalaki muslim, sebut we Kosasih , beunghar,   sarta ahli ibadah jeung shodaqoh ,  maot tapi naha asup ka  naraka ?. Malaikat : "Sabaraha hiji anjeun boga imah ? ". Kosasih : "Opat". Malaikat : "Mobil?".  Kosasih : "Lima".  Malaikat : "Harta kakayaan anjeun digunakeun  keur naon wae? " Kosasih : "Abdi tos Haji 5 kali, Umroh  unggal taun,  infaq shodaqoh unggal dinten,  nyumbang ngabantu sababaraha masigit" Malaikat : "Alus,  kukituna anjeun  kudu ka sawarga. jig indit tuh ka sawarga" Kosasih gancang lumpat ka panto sawarga,  tapi karek ge nepi geus digeroan deui ku Malaikat.  Malaikat : "Hei ..Kosasih,  .., tunggu. aya hiji pananya deui" Kosasih : "Aya naon deui  Malaikat? " Malaikat : "Sabaraha urang ari pamajikan anjeun? " Kosasih : "Mung hiji Malaikat" Malaikat : "Naha ngan hiji?  Pan anjeun beunghar , sanggu

Guyon Sunda, Kaleresan Atanapi Henteu

Image
COBI URANG TELA'AH SASARENGAN, UPAMI : A = 1% B = 2% C = 3% D = 4% E = 5% F = 6% G = 7% H = 8% I  = 9% J  = 10% K = 11% L = 12% M = 13% N  = 14% O  = 15% P = 16% Q = 17% R = 18% S =  19% T =  20% U = 21% V = 22% W = 23% X = 24% Y = 25% Z = 26% Naon cenah anu matak nyugemakeun hirup nepi ka nilai angka 100% teh ??? G+E+T+O+L+G+A+W+E 7+5+20+15+12+7+1+23+5=95% Lain geuning....!!! L+O+B+A+E+L+M+U 12+15+2+1+5+12+13+21=81% Lain oge.....!!! N+A+S+I+B 14+2+19+9+2=46% Komo ieu mah saeutik...!!! Kumaha mun duit...!!! L+O+B+A+D+U+I+T 12+15+2+1+4+21+9+20=84% Aaaahh.....lain oge....!!! Ternyata oh ternyata... Hal nu bisa mencapai 100% teh nyaeta : S+E+D+E+K+A+H+J+A+R+I+A+H 19+5+4+5+11+1+8+10+1+18+9+1+8 = 100% ( Cengcelengan keur diakhirat geuning ) KALERESAN ATANAPI HENTEU, DA KITU BUKTOSNA...!!! Ke ke ke....ssaaabbbaaarrr...!!! Aya deui nu matak mencapai angka 100% teh : I S T R I   D U A 9+19+20+18+9+4+21+1 = 100% atanapi B O

Meunang Kontes Domba

Image
Si Udin boga Domba alus, di  Majalaya aya Kontes Domba sehat, hadiahna duit Rp300 rebu. Si Udin ngilu lomba. Alhamdulillah meunang Kontes, hadiahna duit 300 rebu dibayar tunai ku Panitia, duitna 3 lambar 100,- rebuan. Waktu narima hadiah, bakat ku geumpeur, duitna anu 300 rebu murag, langsung diteureuy ku Domba na. Panitia nyarankeun yen Domba na sina nginum kopi, terus ditepak-tepak bujurna, ngarah Domba na bisa utah, ambeh duit nu diteureuyna bisa kaluar. Udin balik bari neangan kopi ka H. Dadi, bari nunungtun si domba.. pas ka imah H Dadi .Udin menta sagelas kopi. Ku Udin kopi na diinumkeun ka si Domba saregot, terus ditepak-tepak bujurna, Bener geuning kaluar salambar duit 100 rebu ! H. Dadi jadi kepo, langsung nawar 3 juta supaya Domba Udin jadi milik manehna. Udin ngajawab singket :  "Teu dijual !"  Udin nginumkeun deui kopi, terus nepakkan bujur Domba na, ..kaluar deui duit 100 rebu...!! H. Dadi beuki panasaran, ditawar eta Domba Udin teh jadi 10

Si Nyai Naek Beus

Image
Nyai (13 th) budak urang Pangandaran dianteur indungna megat beus . πŸ‘· Kenek beus : "Bandung.... Bandung Buu...." πŸ‘© ​Indungna Si Nyai : "Pa tulung nya, engke mun geus nepi ka Garut, pangbejaankeun ieu budak..." πŸ‘· Kenek : "Mangga Bu...Tariiiikkk" 🚌Di terminal Ciamis, Nyai nanya ka kenek beus, Nyai : "Tos dugi ka Garut.... acan Mang ?" πŸ‘· Kenek : "Teu acan Nyi... masih lila keneeh...."  Nepi Tasik, Nyai nanya deui, Nyai : "Tos dugi ka Garut teu acan Mang....?" πŸ‘· Kenek : "Acan Nyi masih jauuuuhh..." πŸ‘Ά​Nyai bosen tatanya terus.  Akhirna kasarean. Beus terus maju arah ka Bandung. Teu karasa geus liwat Garut nepi ka Samarang. Kenek poho pesen indungna si Nyai. Pas inget, kernet langsung ngomong ka supir, πŸ‘· Kenek : " Duuh Kang.... kuring asa dosa ka budak eta"  bari nunjuk ka si Nyai nu tibra sare. 😎 Supir : "Kunaon kitu....?" πŸ‘· Kenek : "Indungna tadi

Tarif Angkot Kangge Nini-Nini

Image
Supir  : "cing atuh Nini…,kinten-kinten mayar ongkos tΓ©h ngan 500 perak..” Nini  : “ Har..,sugan tΓ©h saikhlasna." Supir  : “ Saikhlasna kumaha ari nini…? “ Nini  : “ pΓ©dah wΓ© tadi nempo nu mayar..,aya nu 2.000..,aya nu 1.500..,aya ogΓ© anu ngan 1.000..” Supir  : “ Eta mah ongkos budak Sakola..,anu calana abu-abu 2.000…,anu  calana bulao 1.500..,anu calana beureum 1.000…” Nini  : “ Ooh…,nya meujeuhna atuh nini mayar 500 perak…” Supir  : “ Nahaa…??? “ Nini  : “ Apan nini mah teu make calana “ πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜€

Puasa Pinuh Gogoda

Image
Puasa pinuh gogoda Papih : "Mih puasa dinteun ayeuna mah pinuh ku gogoda pisan". Mamih : "Emangna kunaon kitu pih ?". Papih : "Tadi di jalan aya istri manis, geulis, imut, bahenol geubis tina motor dugika motorna reksak maneh na nangis Mih. Nya ku papih dianterkeun uih na, da sieun dicarekan bapana cenah. Pas dibonceng, manehna nangkep ka papih, ceuk papih teh teu kedah nangkep nenk, Aa nuju puasa , da papih emut nuju saum" Mamih : "Alhamdulilah atuh Pih..". Papih : "Pas tanjakan maneh na nangkep deui,ku papih dieserkeun panangan na da papih emut nuju saum" Mamih : "Ih papih ni pinter....". Papih : "Terus pas pudunan maneh na nangkep deui ka papih, tuluy ku papih di singlidkeun panangan na da papih emut nuju saum". Mamih : "Papih so sweet...". Papih : "Terus pas dugi ka bumi na papih di pang ngadamelkeun cai kopi.. tapi papih nolak, da papih emut nuju saum.." Ma

Dirahpalan

Image
"DIRAHPALAN" "Meungpeung aya keneh waktos samemeh akad pernikahan Bapa bade mapatahan heula ka calon panganten pameget." Saur pa Naib  : "Engke dimana tos rumah tangga kawajiban nu janten caroge teh,,," Hiji kedah, Sanggem Maraban. Dua kedah, Sanggem Makean. Tilu kedah, Sanggem  Mondokan. Ari jung teh Panganten lalaki nangtung bari mulak cangkeng... "Pa Naib, abdi mah kajeun bedo kawinna oge ari kedah MONDOKAN  mah, teu sanggem." "Upami MANJANGAN  mah ...OkehπŸ‘" πŸ˜œπŸ˜œπŸ˜†πŸ™ˆπŸ™ˆ #Wilujeng Weyah kieu😊

Undangan Reunian

Image
Haturan.. ka sadaya rekan rekan Alumnus STMIK Tasikmalaya Angkatan 2007 Ahir sasih ieu kaping 30 - 1 aya libur panjang & sekalian Dalam rangka Munggahan , Saya mengajak semua Alumnus STMIK Tasikmalaya Angkatan 2007 sadaya liburan ka Cipanas garut,  insya Alloh saya nu sewa villana + nu aya kolam renang, saya nyewa 10 kamar. Pokona sadayana saya nu nanggung biaya termasuk minum makan sareng sajabi na. Acarana : 1. Bakar2 ikan 2. Ngaliweut 3. Games 4. Dan masih banyak lagi yg lain nya Anu minat + siap hadir segera konfirmasi...supados di didamel List na...hayu urang hiburan + refreshing supaya teu stres...!!!  Kalimat diluhur : " MUNG CONTO" Undangan Kanggo Acara Jadi upami aya nu bde ngayakeun, ajakan abi nya... OMATπŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚

Humor Puasa | Geus Sagala Aya

Image
Alhamdulillah.... Beas, endog, daging, kornet, gula, kopi, sirop, keur persiapan Puasa geus aya. Baju lebaran jang barudak ge geus aya. Ti jeans, rok, kaos nepi ka calana jero. Kumplit. Mobil anyar keur mudik ge, geus aya. Lengkep jeung oleh-oleh bawaeun ka lembur. Nu can aya teh, duit keur meulina. πŸ˜₯

Papagah Sunda | Hirup Ukur Ngumbara

Image
Kade nitip cu !, Ucap laku lampah Ulah nepi ka ngaraheutkeun HATE jeung PERASAAN batur. Sabab sangetna leweung, leuwih sanget ucapan jalma. Sekeutna pedang, leuwih sekeut Letah jelma nu raheut hate. Saucap nyata saciduh metu KADE CU.. Jaga, ulah rasa maneh pang aingna. Urang teh di alam Dunya ngan sa ukur ngumbara. Sagala kasenangan Dunya ukur pangbibita. Rupa ukur pupulasan . harta banda ukur titipan . Hirup moal salawasna senang. Hirup moal salilana peurih. Aya beurang aya peuting. Aya kasedih aya oge kabungah. Aya kasusah pasti aya kabagjaan. Kanyeri kapeurih pasti bakal aya ubarna. Boga Katugenah pasti bakal dibales kabungah. Sagalana oge pasti bakal aya jalanna jeung balesanna. Tina sagala anu tos karandapan ku diri urang. Pasti bakal aya hikmahna. .Hariring lain nu kuring .Haleuang lain nu urang . .Hariring nu Maha WΓ©ning .Haleuang nu Maha WΓ©nang . Eling-eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa . Nyucruk g

Watak Poe Wedalan

Image
Watak poe lahir atawa wedalan : SENEN "jalmina ramah, someah, dermawan, loba nuresepeun, ngan pikasebeleun mun hitut sok di bekokkeun ka batur...!” SALASA "Gede ambek, teukaop kasinggung, tapi jalmina pemikir, mun rek hitut oge mikir heula nepi ka dua poe" REBO "berwibawa, elegan, jarang ngomong katempona dingin/cool, sakalina ngomong pasti nginjeum duit...!" KEMIS "beungeut kucay mun keur galau, watakna tertutup, misterius, ngan eta boga tabeat tiap leumpang lima lengkah pasti busiat...!” JUMA'AH "Jalmina kalem, teu loba omongna, ngan rada egois saeutik, mun boga ka hayang teu diturut osok kokosodan bari ngacak2 ti kotok...!” SABTU "Romantis, loba ngawadul, mun kumpul dahar babarengan pasti tara daek mayar...!” MINGGU "Watekna medit, tara gaul jeung batur, sabodoan, mun hitut sok diambeuan sorangan...!” Alhamdulillah,,, Anjeun jadi bisa seuri Hayooo didinya wedal poe naon? ngakulah...

Request Lagu

Image
Hiji poe di Radio Pitaloka, Nu nelepon : "Hallow , Radio  Pitaloka ? ``` Penyiar :" Muhun,  wilujeng enjing, ieu sareng saha? "` Nu nelepon : " Abdi engkos " Penyiar : "Pa engkos, bade ngirim salam atanapi bade  curhat ?" Nu nelepon :" Bade curhat heula,  kieu abdi tadi mendakan tas di Jl Jensud , dilebetna aya artos 10 juta, kartu ATM, kartu kredit,KTP sareng SIM atas nami   Bapa Dadan ..``" Penyiar  : "Waaah luar biasa, jaman NOW sihoreng masih aya jalmi nu jujur sepertos Bapa . Jadi Bapa bade mulangkeun Tas Γ©ta ngalangkungan ieu  radio Pitaloka ?"``` Nu nelepon : "Ih..sanes, bade nyuhunkeun pangmuterkeun lagu  nu  judulna```   "RELAKANLAH"  ``` ``` ti Eddy Silitonga ..Ieu lagu spesial kanggo   Pa Dadan , sugan wΓ© anjeuna Ngadanguken kitu we" ```

Cara Masuk Surga

Image
Beres nerangkeun , Guru Agama  nanya ka murid-muridna "Barudak, mun urang  nyumbangkeun artos,  nyieun  kahadean  amal ka jalma  miskin, naha urang bakal asup ka sawarga ?" "Moaaaaal !!"  jawab barudak bareng.. Guru Agama  nanya deui : Tapi kumaha mun urang   taat ibadah, nyieun kahadean ka   sasama, teu nyusahkeun batur, naha urang bakal asup ka Sawarga ?" Murid ngajawab bareng : Moaaaaaaaaaall Guru Agama tambah bingung, tapi sabar jeung  nanya deui : " Mun urang jadi ahli agama , loba elmu agamana, jeung sajabana,  naha bakal asup ka sawarga ? Barudak saperti tadi ngajawabna : Mooaaaaaaaaalll!!" Guru Agama   mimiti keuheul,  rada nyentak : "Mun kitu supaya asup ka Sawarga kumaha carana atuh?" Jawab barudak?: "Kedah maot heula Pa Guru" πŸ™πŸ™πŸ˜ŠπŸ˜ŠπŸ˜Š

Leuwih Murah Balanja Make Basa Sunda

Image
GEUNING LEUWIH MURAH KENEH BALANJA MAKE BAHASA SUNDA Alias lebih ekonomis ... Kopi Hideung.             Rp.   2.500,-  Black Coffee.               Rp.15.000,- Di Urut.                         Rp. 30.000,- Massage.                     Rp. 300.000,- Cai Herang.                  Rp. 500,- Mineral Water.             Rp. 8.500,- Goreng Hayam.           Rp. 5.000,- Fried Chicken.              Rp. 25.000,- Lotek.                                        Rp. 7.000,- Salad With Peanut Sauce     Rp. 22.000,- Imah Susun Sisi Walungan.        Rp. 70 Juta,- Riverside Apartement.     Rp.650 juta,- Lahan Kuburan.            Rp. 1 Juta,- Sandiego Hills               Rp. 75  juta,- Matak budayakeun bahasa sunda meh malurah harga na. πŸ˜‚πŸ˜‚ Wilujeng nyunda Keren mana Bahasa Sunda dengan Bahasa Media Sosial  ??? Sabiwir hiji = viral. Nginjeum biwir = copas Loba biwir = trending topic. Goreng biwir = buzzer.  Nutup biwir = blokir.  Miceun biwir = delete.  Panjang

Bahaya Mie

Image
WARNING Terlalu sering ngonsumsi mie ,bisa sangat membahayakan bagi tubuh kita, agar tida berbahaya bagi  kita dan keluarga.  WASPADA DAN HINDARILAH , 1. mietoha nu galak.... 2. mie luan aliran sesat... 3. mie kiran teuing dunya... 4. mie lampah amal goreng... 5. mie lampah pagawean salah.. 6. Mie ceun runtah sembarangan... 7. mie kiran wae hutang... 8. mie kiran banda batur.. 9. mie kiran kabogoh batur.. 10. mie kiran wae popotongan,,,, Haaaaaaaaaa