Peupeujeuh

Peupeujeuh
Abah
: "jang, nu bisa nyieun gula saha?"

Kuring : "emak bah.."

Abah : "nu mere rasa amis saha..??"

Kuring : "Alloh bah.."

Abah : "Nu nyieun imah saha?"

Kuring : "tukang jeung insinyur bah"

Abah : "nu mere betah saha?"

Kuring : "Alloh bah"

Abah : "Nu nyieun motor saha?"

Kuring : "si Honda bah"

Abah : "nu mere salamet di jalan saha?"

Kuring : "Alloh bah.."

Abah : "nu mere duit jajan ka budak saha?"

Kuring : "abdi sareng indungna bah"

Abah : "nu mere kabungah kana hate budak saha?"

Kuring : "Alloh bah.."

Abah : "Nu mere resep obat saha?"

Kuring : "dokter bah.."

Abah : "nu mere cageur?"

Kuring : "Alloh bah.."

Abah : "terus salila silaing kumalendang nepika kiwari, usaha ti isuk jedur nepi ka sore jeger boga maksud hayang naon jang? 

Kadaharan ciga gula..?

Imah tohaga ciga istana..?

Kendaraan mewah..?

Budak gaya ku papakean..?

Atawa awak jagjag waringkas..?"

Kuring :......??????? Balem ngahephep teu bisa ngajawab...

Abah : "tah aya beuleum jaer, ngan hilian ku letah anjeun. Pek mere imah ngan tukeuran ku pangabetah. Jig bawa motor ngan tukeuran jeung cingir. Tah dangdanan budak, ngan ulah dipanggihan. Jig ulin jeung dokter, ngan ulah menta cageur."

Kuring : beuki balem...beuki ngahephep

Abah : "carita hirup rek ngalalana, tapi gawe ngudag nu fana. Nu dipikahayang lana, nu di udag fana. Cita-cita hayang junun kalayan bagja, nu diudag barang saperak nu tereh beak. Cenah hayang bungah, nu dipigawe cilaka. Alloh jeung sakumna rasa aya dikulon, silaing neang ka wetan. Alloh nyampeurkeun ka wetan, silaing lumpat ka kidul. Alloh nu hese dipanggihan, atawa silaing nu nutupan hate embung nepungan..??"

Kuring : tungkul..ngeluk..teu bisa nembalan

Abah : "dunungan bisa mecat urang, tp moal bisa nahan rizqy urang. Pakaya bisa jadi harta, tapi kabungah lain ukur ku harta. Harta mah fana, Harti nu lana. Ku harta, jalma beunghar bisa jadi hina, ku harti, jalma leutik bisa jadi mulia. Nu boga harti anging Alloh. Silaing masih bingung kudu kamana ngalengkah...???"

Kuring : jlebbbbbb....mewek ingsrak ingsrakan.

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...