Randa Torek
RANDA TORÉK...!!!
Hiji poé saurang Atlét Binaraga anu ngaranna Soléh Indra balanja ka salah sahiji warung, kabeneran nu ngajaga warungna Randa Ngora Séxy tapi Torék jeung telat mikir.
Soléh : "aya endog Téh ?"
Randa : "naon kang kurang jelas!"
Soleh : "ENDOOOG, Téh...!"
Randa : "kumaha Kang ?"
Tibatan lila, Soléh langsung nilepkeun leungeun bajuna trus ningalikeun otot leungeuna anu nonjol buleud siga endog.
Randa : "Oooh... Endog, aya kang, mangga... badé mésér naon deui kang ? "
Soléh : "mésér tahu sakantenan"
Randa :"naon kang, teu kakuping"
Soléh : "TAHUUU...!!!"
Randa : "kumaha kang ?"
Soléh terus muka kancing bajuna trus ningalikeun otot beuteungna anu ngabentuk six-packs alias kotak-kotak siga Tahu Sumedang.
si Randa ahirna ngarti :
"Oooh... Tahu...!!!
Teras badé mësér naon deui kang ?"
Soléh : "abdi palay Térong ogé Téh, sigana raos pami Oséng-Tahu di Térongan"
Randa : "naon kang ?"
Solëh : "TEROOONG...!!!"
Randa : "naooon kang kirang jelas...!"
Bari satengah keuheul Soléh langsung muka calanana terus ningalikeun eusina.
si Randa satengah seuri :
"Oooh... Cengek.. ngomong atuh sing jelas !"
😀😀😀😀🙏🙏
Comments
Post a Comment