Posts

Showing posts with the label Sunda

Peupeujeuh

Image
Abah : "jang, nu bisa nyieun gula saha?" Kuring : "emak bah.." Abah : "nu mere rasa amis saha..??" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "Nu nyieun imah saha?" Kuring : "tukang jeung insinyur bah" Abah : "nu mere betah saha?" Kuring : "Alloh bah" Abah : "Nu nyieun motor saha?" Kuring : "si Honda bah" Abah : "nu mere salamet di jalan saha?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "nu mere duit jajan ka budak saha?" Kuring : "abdi sareng indungna bah" Abah : "nu mere kabungah kana hate budak saha?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "Nu mere resep obat saha?" Kuring : "dokter bah.." Abah : "nu mere cageur?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "terus salila silaing kumalendang nepika kiwari, usaha ti isuk jedur nepi ka sore jeger boga maksud hayang naon jang?  Kadaharan ciga gula..? Imah tohaga

Polisi Teu Mempan Ku Antimo

Image
Aya Polisi ti Jogja rek ka banjar naek bus. Lantaran sok mabok di jero bus, manehna meuli Antimo. Eh, di jalan tetep we mabok najan Antimo geus beak opat. Isukna si Polisi balik deui ka jogja, nginum deui Antimo, tapi tetep we mabok Tepi ka jogja teh, didatangan tah si tukang warung nu ngajual Antimo teh. Polisi : "Nu baleg siah ngajual Antimo teh, ulah nu palsu. Aing geus beak 8, tetep we mabok. Ku aing ditangkep siah, keuna ku pasal penipuan maneh!" Tukang Warung : "Oh... Bapa teh Polisi, " Polisi : "Heueuh, aing Polisi!" Tukang Warung : "Euleuh... pantes teu mempan atuh Pa, da Antimo mah apan kabaca tah dina bungkusna, keur darat, laut jeung udara. Keur polisi mah can aya.. Weleh… weleh....hehehe 😁😁

Guntreng Salaki Jeung Pamajikan

Image
GUNTRENG SALAKI JEUNG PAMAJIKAN Icih : "Akang menta duit?" Udin : "Duit jang naon? Pan keur balanja mah geus dibéré ku Akang." Icih : "leu mah lain jang balanja kang,  tapi jang renang ... ceuk batur mun lcih rajin renang ngké awak lcih bakal langsing Kang..." Udin : "Ulah percaya éta mah hoax Cih..., tempo ku manéh lauk paus gè sapopoè renang di laut anger wé... gendut, teu langsing-langsing...!" Icih : "Oh nya entos atuh lcih mah ayeuna rék indit balanja sayuran heula ka pasar..." Udin : "Sakalian Cih... meuli bubuahan nyaaa..." Icih : "Jang naon Kang?" Udin : "Jang didahar atuh.... pan ceuk batur , lamun loba ngadahar buah ngkè kulit beungeut akang bakal mulus - tambah cerah , kagantengan akang bakal nambah ... pan manéh kénéh nu bakal reueus mun boga salaki kasép mah...!" Icih :  "Ulah percaya Kang éta mah hoax, tempo monyét unggal poé dahar buah angger wé beungeutna jiga NU MACA..... !!!"  ..

Randa Torek

Image
Dongéng Kapeutingnakeun RANDA TORÉK...!!! Hiji poé saurang Atlét Binaraga anu ngaranna Soléh Indra  balanja ka salah sahiji warung, kabeneran nu ngajaga warungna Randa  Ngora Séxy tapi Torék  jeung telat mikir. Soléh :  "aya endog Téh ?" Randa :  "naon kang kurang jelas!" Soleh :  "ENDOOOG, Téh...!" Randa :  "kumaha Kang ?" Tibatan lila, Soléh  langsung nilepkeun leungeun bajuna trus ningalikeun otot leungeuna anu nonjol buleud siga endog. Randa :  "Oooh... Endog, aya kang, mangga... badé mésér naon deui kang ? " Soléh :  "mésér tahu sakantenan" Randa : "naon kang, teu kakuping" Soléh :  "TAHUUU...!!!" Randa :  "kumaha kang ?" Soléh  terus muka kancing bajuna trus ningalikeun otot beuteungna anu ngabentuk six-packs alias kotak-kotak siga Tahu Sumedang. si Randa  ahirna ngarti : "Oooh... Tahu...!!! Teras badé mësér naon deui kang ?" Soléh :  "abdi palay Térong ogé Téh, siga

New Normal, Urang Sunda Mah Sudah Biasa Dengan New

Image
Situasi covid 19  : New Normal Urang Sunda geus biasa kana New mah Merk Sendal : New era Ngaleungit : New mput Tigebrus : New ksruk Labuh : New ngseb Nginum Kopi : New ruput Nginum susu : New Su Maju di jero : New rungkuy Tos pantes : New rup Neang anu pundung : New sul Maluruh : New kcruk Mencos : New ngcung Neukteuk pupucus : New natan Ngalemeskeun kai : New gu Mere kanu miskin : New mbang Mere duit ka Pejabat : New ap Angkat isuk-isuk : New buh Nga hèden bola : New ndul Mawa dina sirah: new hun Menta : new hunkeun Ngatur : new sun Nganyam : new lam Ngajalankeun mobil : new pir Ngirim surat : new ratan Labuh sirah tiheula : new ngseb Ngasupkeun obat make jarum : new ntik Rea omong : new rucus Teu katingali : new mput Ngaduruk make roko : new ndut Kesang Ngocor : New Rudcud Lebaran  : new hunkeun di hapunten samudaya kalepatan 🙏🙏

Ibu-ibu Ngobrol Jorang

Image
Di salah sahiji sakola guruna istri sadayana, nyaeta : Bu Ruti, S Pd Bu Tati, S Pd Bu Juriah, S Pd I Bu Jalinah, S Pd Bu Rita, M Pd Bu Catiningsih,S Pd Bu Siatun,S Pd Bu Kurnia, S Pd, M MPd sareng guru honor namina Neng Teti, S Pd. Hiji mangsa Bu Tati ngobrol sareng Neng Teti Bu Tati : "Neng Tet, pami bumina Bu Jali palih mana?" Neng Teti : "Bu Jal mah tonggoheun rorompok Neng Tet bu.. !" Bu Tati : "pami Bu Juriah?" Neng Teti : "pami Bu Jur mah pengkereun bu ! Bu Tati : "pami Bu Cati?" Neng Teti : "Bu Cat mah lebakeun bu!" Bu Tati : "pami Bu Rita ?" Neng Teti : "Tah pami Bu Rit mah rada tebih, tapi saurna engkin Bu Rit, Bu Jal sareng Bu Jur bade ngararujak di rorompok". Bu Tati : "Ooh kitu nya ! Ari Bu Cat ngiring moal, saurna?" Neng Teti : "Nya tangtos atuh margi pami teu sasarengan Bu Cat mah moal raos" Bu Tati : "muhun nya Neng Tet, mo

Istilah-istilah CoronaVirus Disease (Covid-19) Dina Basa Sunda

Image
Bisi Aya nu bingung keneh soal Istilah dina Corona Virus Disease (Covid-19) jiga kuring. Tah ieu penjelasana... Covid-19 : Corona Virus Disease-19 ODP : Orang Dalam Pemantauan , Diawasi bisi beunang... Soalna bisi pernah indit ka Atawa ti luar negri atawa luar kota nu aya wabah positif Corona ..  PDP : Pasien Dalam Pengawasan , Gering diawasi tapi acan beunang virus ceuk dokter..  Suspect : Dicurigai kena virus tapi acan kabuktian..  Positif : Tah ieu mh geus beunang..  Lockdown : Sawilayah jelmana teu meunang indit, teu meunang bijil... Ngerem bae di Imah sorangan..  Social Distancing : Ulah Milu kumpul-kumpul. Arisan Komo deui ka mall jalan2 trs teu meuli nanaon. Jaga jarak Mun Panggih jelma minimal 1,8 meter. Isolasi : Nu Gering teu meunang iinditan ti RS.  Karantina : Nu sehat ulah iinditan meh teu katularan..  Work From Home (WFH) : Gawe di imah … Tah Mun ieu mh ngareunah Ngan Lila teuing mh bosen da... Imported Case : Katularan ti luar Ngan laporna di dieu

Hoax Harus Dilawan Dengan Hoax

Image
Hoax itu harus di lawan dengan Hoax..!! Ini salah satu contohnya..: Dokter :  "Eta huntu nu ompong teh rek di pasang gigi palsu wae mang..?" Asep :  "Oh.. Enya dok,   hargana sabaraha kitu..?  Dokter :    "Murah.. Ukur 3 juta". Asep :    "Oke dok, uang gak masalah dok..!!" Sanggeus gigi palsu dipasang dokter. Asep :  "Yeuh Dok, ..dibayar lunas 3  juta.!" Beres mayar Asep terus kaluar ti ruang praktek Teu lila, dokter  nyalukan : "Mang.. ke ke ke.. Kadieu deui...!" Asep :  " Aya Naon deui Dok, duitna kurang lain...?" Dokter :   "Lain kurang, tapi duitna palsu kabeh geuning..?!!" Asep :   "Lha ari Dokter.. ari anu dipasang Gigi palsu atawa asli...??" Dokter :   "Geloooo siah... !!!" Asep :   "Dokter meureun nu gelo....!!" Masang gigi palsu menta dibayar ku duit asli....!!! " 😂😂😂😂 heuheu...☕☕☕☕☕baraya.. Wilujeng wayah ginih....

Meuli Hayam Tasik

Image
🐓🐓🐓  Kang Asep meuli hayam 🐓 Di pasar Ciamis. Nu dagang awewe geulis ngan rada galak, ngaranna Ceu Kokom. 🐓 Asep : "Ceu, kagungan hayam nu ti Tasik teu ? 🐓 Kokom : (mikeun hayam anu beureum bari ngabatin ... aya aya wae ... sugan we ieu cocok) " ieu hayamna, kangge naon bet milarian hayam Tasik ?" 🐓 Asep : (bari nimbang beuratna, nyolok bujur hayam ku cinggirna) "wah ieu mah sanes hayam Tasik tapi ti Cianjur ... cobi nu sanesna". 🐓 Kokom : "Cobi nu ieu" (bari mikeun hayam bodas). 🐓 Asep : (nyolok deui bujur hayam) ... "Wah nu ieu mah ti Bogor Ceu...." 🐓 Kokom : "Kang upami nu ieu kumaha ?" (bari ngasongkeun nu warna hawuk) 🐓 Asep : (nyolok deui bujur hayam) ... "Sanes Ceu... ieu mah hayam Sumedang". 🐓 Kokom : (satengah keuheul)... "Kang mangga milarian nyalira wae da seueur hayam mah" . 🐓 Asep : (bari asup ka kurungan  hayam .... terus newak hayam nu borontok .. dicol

Kembang Beureum

Image
Kembang Beureum Udin geus ginding rek ka imah awewe nu diincerna. Memeh ka imah awewe nyimpang heula ka tukang kembang. Udin : “Mang…, kembang nu beureum hiji….” Tukang Kembang : “ Rek apel Jang….?" Udin : “Muhun Mang.” Tukang Kembang  : “Hebat lah meni romantis." Udin : “Udin tea atuh…,  eh …Mang hiji deui we kembangna Mang…” Tukang Kembang  : "Keur saha deui Jang..?" Udin : "Keur adina Mang, sok delak delek wae. Jigana bogoheun oge ka abdi.” Tukang Kembang  : “Meni hawek Jang…” Udin   : “Wah Mang urang hanca we duanana…. eh…ketang hiji deui we Mang kembangna." Tukang Kembang  :  "Keur saha deui Jang….?????" Udin : "Keur indungna Mang, lumayan geulis  keneh katingalina mah. Mun abdi ka dinya sok melong wae. Sigana sarua bogoheun ka  abdi." Tukang Kembang  : "Beueu... Boa edan, Budak ngora ayeuna ku nurustunjung" . (Jero hate) Singkat carita, Udin nepi ka imah kabogohna. Udin geus didag

Mang Odo Nyoba Toilet Istri

Image
Mang Odo rek indit ka Singapura, naek pesawat SINGA AIR. Sabot ngadagoan ngapung, dijero pesawat, mang  Odo hayang ka toilet. Ngan toilet lalaki nuju eusi, mang Odo nanya ka Pramugari.. Mang Odo : "Neng, wios mamang nganggo toilet istri?" Pramugari : "Wios pa, tapi upami tos beres, teu kedah mencet tombol nanaon, langsung banjur wae nya pa..!!" Mang Odo unggeuk, bari asup ka toilet istri. Dijero toilet istri, mang Odo galecok sorangan panasaran.. Mang Odo : "Waahh..bener toilet awewe mah istimewa,loba tombolna,aya 4.. WW-WA-PP-ATR" Saatos beres, mang Odo panasaran, terus mencet tombol nomer 1. WW =croot...... langsung nyemprot cai haneut kanu bujur..( Warm Water ).. Mang Odo : "Oohh..kanggo ombeh iyeu teh" ..ceuk mang Odo bari mesem Terus mencet tombol nomer 2. WA =Wosssh..angin haneut niup kanu bujur..( Warm Air ).. Mang Odo : "Woow..paingan awewe sok lila mun di toilet teh,betah meureun haneut nya" ..ceuk ma

Menu Diet Lalab Sunda

Image
MENU DIET LALAB SUNDA Minggu kahiji Senen = Genjer Salasa = Salada Rebo = Jengkol Kemis = Kiciwis Jumaah = Antanan Saptu = Daun sampeu Minggu = Nyeri hulu Minggu Kadua Senen = Bonteng Salasa = Leunca Rebo = Terong Kemis = Caysim Jumaah = Daun geudang Saptu = Surawung Minggu = Nyeri suku Minggu katilu Senen = Peuteuy Salasa = Paria Rebo = Jengkol Kemis = Buncis Jumaah = Jotang Saptu = Waluh Minggu = Beuki nyeri hulu jeung nyeri suku Minggu kaopat Kuring indit ka klinik, dipariksa ku dokter, ceuk dokter kudu dirongsen, sanggeus dirongsen dokter gogodeg ningali hasilna.... HASIL RONGSEN di jero awak kuring jadi kebon. 😄😀

Kacang Mete Nikmat, Gurih dan Renyah

Image
```"Ni, nepangkeun abdi Pa Camat sareng Pa Lurah..." Nini Iloh : “Oh, mangga caralik ari sugan teh sanes menak hungkul..." Waktu keur ngobrol, tos kasampak dina meja aya sagala rupa kueh-kueh maklum suasana masih lebaran keneh,diantara kadaharan eta aya nu pikabitaeun nyaeta kacang mete dina toples leutik da ari kueh mah geus rada gariung jeung sieun panyakit gula.  “Nini teu kenging repot-repot ieu meni tos sagala rupi, Nini ieu di tampi kacang Mente na..?" Nini : “oh .. mangga mangga sok di raosan sing kenging hapunten teu aya nu sae …” Bakating ku ngeunahna eta kacang mente teu karasa bari ngobrol tepi ka beak sa toples ku Pa Camat jeung Pa Lurah.    “ Waduh Nini, ieu dugi ka seep kieu kacang metena ku abdi..!!" Nini : “Oh, teu sawios bingah we ari di seep keun mah da didieu oge saha nu nuang na, nini mah tos teu kiat nuang na oge , maklum waos nini mah tos seep tos teu aya kanggo nga gegelna,… syukur atuh ari disareepkeun mah..! "

Preman Mabok Naek Taxi

Image
Aya 3 preman urang  majalaya, nu keur marabok, langsung naraek kana taksi nu keur parkir di sisi jalan. "Jalan....ka Ciparay " ceuk salah sahiji preman. Lantaran supir nyaho yen maranehna keur marabok, jadi supir ngan ngahurungkeun mesin wungkul, terus dipareuman deui. Teu lila supir nyarita : " Tos dugi...!" Preman nu hiji turun, mayar ongkos taksi. Nu kadua ge turun, mayar jeung nganuhunkeun. Giliran preman nu katilu turun, jol jol plakkk we nyabok supir. Supir kacida sieuneunana lantaran geus nipu preman-preman eta. Bari ngadegdeg, manehna nanya : "Kunaon kuring dicabok?". Preman ngajawab : " Gelo maneh, mawa mobil meni ngebut!!!. Uing mani Soak!!" 😁😆😄

Manfaat Daun Sampeu Keur Kulit Karijut

Image
MANFAAT DAUN SAMPEU KEUR KULIT KARIJUT Diantara ciri umur ngolotan nu teu bisa disumputkeun dina juru panon jeung dina beuheung kaciri kulit teh peot/karijut. Najan geus jadi takdir, tapi keukeuh wé sok jadi bangbaluh. Ubar nu kacida énténgna tapi hasiatna hadé, nyaéta ku daun sampeu ngora.. Pilihan daun sampeu nu ngora kénéh/pucukna. Kumbah ku cai beresih, ulah lila teuing ngarah teu keuna bakteri. Seupan atawa kulub satengah mateng, tapi teu nanaon nepi ka asak ogé Tu'uskeun, ulah nepi ka garing! Bisa ogé dipeureut. Nyieun sambel jeung ngagoréng Gurame.  Sadiakeun sangu paré anyar. Tuang sing nepi ka wareg !!! URUSAN KULIT KARIJUT MAH KE DEUI WÉ LAH, NIKMAT KÉNÉH DAHAR JEUNG GURAME GEURA...!! 

Ieu Nu Dipikasieun Ku Jin

Image
OBROLAN USTADZ JEUNG JIN Ustadz  : " Hey..  Jin, maneh sieun teu ku jalma nu rajin ibadah.?" Jin  : " Jaman NOW mah geus teu sieun deui Ustadz..  najan ahli ibadah tapi gampang disuap, dugem, nipu, munafiqun, nilep pajak, korupsi, mabok, zinah, nilep anggaran, ngajual narkoba , tos seueur nu katewak KPK OTT téa, jeung dosa- dosa nu laina. Padahal Kuring can ngaganggu ." Ustadz  : "Terus manéh sieuna ku saha atuh ayeuna..?" Jin  : "Terus terang wé... Ustadz, Kuring mah paling sieun pisan ku tukang jait nu nguriling kana sapédah. " Ustadz  : "Ah.. maneh mah sok aya -aya waé maenya sieun ku tukang jait nu maké sapédah???" Jin  : " Nya... rek teu sieun kumaha? sok geura baca ku Ustadz tulisana "TERIMA PERMAK JIN" : "Potong suku Rp 5000." " Potong leungeun 3000 " "Ngaleutikan beuteung Rp 15.000." "Tah komo deui mun aya nu wani mayar Rp.20.000,.. rék jiga kumaha rupa Kur

Teroris Urang Sunda

Image
Entis ditewak ku pulisi gara-gara di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka penjara. Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana : "Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di penjara, euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon atuh..." Si Entis ngabales surat: "Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...." Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas penjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus. Isukna, datang sapeleton Densus ka imah bapana si Entis , teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput. Sorena sanggeus tim Dénsus baralik, bapa si Entis ngirim surat:  "Tis tadi aya tim Densus cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???" Si Entis ngabales suratna: "Pan Densus geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakke

Nu Mantak Ngabatalkeun Puasa

Image
Bilih hilap deui nu ngabatalkeun puasa maklum tos sataun.... "NAON WAE ARI NU NGABATALKEUN PUASA ?" Sakedap deui urang bde ngalakonan puasa, dina enggoning puasa kahade aya anu perelu di perhatoskeun, saurna mah aya tujuh rupa anu matak ngabatalkeun kana puasa, nya eta : 1. DIUK Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,belewek dihuapkeun eta nu matak ngabatalkeun kana puasa ,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis éta gé sarua batal puasana 2. LUMPAT Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol langsung disuruput éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah. 3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas terus diuyup 4. SURA SEURI Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta. 5. NGALAMUN Ngalamun bisa ngabata

Hayang kapake jeung dipercaya mah ditungtungan ku huruf T

Image
Saur sepuh oge hirup jelema hayang kapake jeung dipercaya mah ditungtungan ku huruf T , geura urang beberkeun : Umat anu ta'aT géde duriaT Imana kuaT Tumut nasehaT Cékél amanaT Tara khianaT Yakinkeun syahadaT Nanjeurkeun sholaT Puasa tamaT Mere zakaT Kahaji mangkaT Pamadégan tépaT Awak sehaT Bhatin wal afiaT Elmuna mangfa'aT Boga bakaT Gawe giaT Pagaweanna maslahaT Réjéki ningkaT Tutulung rikaT Ka sasama hormaT Tara ngumpaT Tara maksiaT Alam dirawaT Masyarakat kabengbaT Luhur martabaT Loba sobaT Mindéng tirakaT Salawasna tobaT Meunang rahmaT Dunya nikmaT Sugema akheraT Jujur jadi pajabaT Kapake masyarakaT Diaku ku RakyaT . Dina Poe KiamaT Hirup salamaT Aya nu kaliwaT ... Pamajikan opaT Hahaha ... Saha nu minaT ? Moal kuaT !!!! Maafkan aku sobaT ... 🙏🙏🙏😍😍

Syarat Dan Ketentuan Tunjangan Pengangguran

Image
KABAR GEMBIRA Pemerintah akhirnya menyetujui untuk memberikan tunjangan langsung bagi para pengangguran di Indonesia sesuai dengan Ijazah terakhir sekolahnya,  yaitu : 1. Ijazah SD = Rp. 1.750.000,- 2. Ijazah SMP = Rp. 2.250.000,- 3. Ijazah SMA = Rp. 3.750.000,- 4. Ijazah D4/D3 = Rp. 4.000.000,- 5. Ijazah S1 = Rp. 5.500.000,- Pemberian Tunjangan tersebut akan dilaksanakan pada awal bulan januari dan berlaku setiap 3 bulan sekali. Tunjangan tersebut merupakan hasil kerjasama bilateral antara Pemerintah dan Pemerintah Jepang, dengan persyaratan sebagai berikut : 1. Ijazah Pendidikan terakhir. 2. E-KTP asli. 3. KK asli. 4. Surat Keterangan Kesehatan. 5. Surat Keterangan Kelakuan Baik dari Kepolisian. 6. Surat Pengantar dari Kelurahan. Sesuai komitmen dengan Negara Jepang, sumbangan tersebut akan diserahkan dalam bentuk mata uang YEN . Dengan persyaratan yang diajukan oleh pemerintahan Jepang, yaitu : 1. YEN lamun aya duitna 2. YEN lamun Presiden na ba