Nu Mantak Ngabatalkeun Puasa

Nu Mantak Ngabatalkeun Puasa
Bilih hilap deui nu ngabatalkeun puasa maklum tos sataun....

"NAON WAE ARI NU NGABATALKEUN PUASA ?"

Sakedap deui urang bde ngalakonan puasa, dina enggoning puasa kahade aya anu perelu di perhatoskeun, saurna mah aya tujuh rupa anu matak ngabatalkeun kana puasa, nya eta :

1. DIUK

Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,belewek dihuapkeun eta nu matak ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen tΓ©h manis Γ©ta gΓ© sarua batal puasana

2. LUMPAT

Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen tΓ©h botol langsung disuruput Γ©ta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.

3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING

Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditΓ©wak ku tukang cΓ©ndol, tuluy ditukeuran ku Γ©s cΓ©ndol sagelas terus diuyup

4. SURA SEURI

Sura-seuri gΓ© matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.

5. NGALAMUN

Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.

6. MAEN FACEBOOK atawa WA

Maen Facebook atawa Whatsapp ogΓ© matak ngabatalkeun puasa lamun gigireun aya cikopi jeung gorΓ©ng pisang haneut kΓ©nΓ©h ditambah sabungkus Rokok,tuluy diopi.

7. HITUT

Hitut dijero cai bari teuleum terus ngaregot caina,...atawa hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatalkeun kana puasa, hitutna waΓ© bisa ngabatalkeun wudlu, komo mun bari ngadahar kulub hui mah, pasti batal puasana...

Wilujeung Mayunan Sasih shaum πŸ™πŸ™πŸ™πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜œ

Comments

Popular posts from this blog

Undangan Solat Jumat

Soal UTS Bahasa Betawi

Ide Kreatif Bi Ijah