Asal Usil Cilaka 12

Asal Usul Cilaka 12
ASAL USUL CILAKA 12

Piwuruk Sepuh, beja ti Aki

Dina awak sakujur teh aya dua unsur, nyaeta : jasmani jeung ruhani..

Dina bahasa sunda aya kecap
JISIM KURING..
Jisim /jismun hartina Jasad, awak sakujur.
Kuring/Abdi nyaeta Rohani

1.JISIM / jasad, bakal BILATUNGAN
2. KURING/ROH, bakal BALITUNGAN

Kumargi kitu kahade ulah hayoh wae ngalus-ngalus jasad, sakumaha geulis jeung kasep, da tungtungna pasti BILATUNGAN.
Ulah poho ka KURING/ABDI, sabab eta anu bakal BALITUNGAN

Riksa Diri, Raksa Awak.. malah mandar salamet dunya aherat.

Di tatar Sunda seueur pisan siloka kalebet kecap SUNDA Γ©ta ngabogaan harti anu jero..

SUNDA tΓ©h ngandung harti NU NYUSUN DINA JERO DADA..
Anu kudu nyusun dina jero dada tΓ©h nyaΓ©ta kalimah :
Ω„Ψ§Ψ§Ω„Ω‡ Ψ§Ω„Ψ§ Ψ§Ω„Ω„Ω‡

jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti Aya 12 kawajiban, nyaΓ©ta 6 kawajiban bathin, 6 kawajiban dohir.
Kawajiban bathin nyaeta Rukun iman 6. Kawajiban dohir Rukun Islam 5 jeung Ihsan 1.. Jadi jumlah 12.

Lamun
manusa geus Iman, Islam tur nepi kana Ihsan.. ngarasa neuteup jeung di teuteup Ku Alloh, tangtu Γ©ta jalma boga rasa rumasa, salamet hirup jeung kahirupanana. .

Sabab teu aya deui cilaka nu pang gedΓ© gedΓ©na, iwal ti cilaka 12, nyaΓ©ta manusa nu geus teu percaya ka Alloh teu makΓ© Iman, Islam jeung Ihsan. Nu 12 huruf tadi .

Ω„Ψ§Ψ§Ω„Ω‡ Ψ§Ω„Ψ§Ψ§Ω„Ω„Ω‡.

Mugia mangpaat kanggo sim kuring oge wargi sadayana....Aamiin

Wilujeng  ...☕☕πŸ™πŸ»πŸ™πŸ»

Comments

Popular posts from this blog

Undangan Solat Jumat

Soal UTS Bahasa Betawi

Ide Kreatif Bi Ijah