Posts

Showing posts with the label Sunda

SIFAT JURIG NU BISA DIJADIKEUN CONTO JANG MANUSA

Image
AYA 6 SIFAT JURIG NU BISA DIJADIKEUN CONTO JANG MANUSA 1. TUYUL → leutik  keneh geus mandiri, tiasa milarian artos nyalira. 2. KUNTILANAK → rek susah rek senang, tetep seuri ..... nunjukkeun kapribadian kuntilanak nu selalu ceria jeung optimis. 3. NYI RORO KIDUL → enya ge salilana di laut, tapi bajuna sopan pisan tara make baju renang .. hartina bisa ngajaga etika jeung kahormatan. 4. JALANGKUNG → datang teu diondang balik teu dianteurkeun,... embung ngariweuhkeun batur .. 5. POCONG → ti baheula bajuna tara pernah ganti warna, teu katarik ku fashion modern ... hartina selalu commit jeung bersahaja. 6. JURIG JARIAN → ieu mahluk halus nu paling istimewa .. najan beungeut goreng patut, awakna bau, jorok jeung pikasieuneun batur, tapi sipatna Sabar pisan .. Buktina manehna daek we maca tulisan ieu nepi ka tamat .. !! tuh nyerengeh sorangan, berarti rumasa,, Hatur nuhun .. parantos kersa maca (ulah ngambek nya, biasa we) .. Sebarkeun ka 7 urang, insyAlloh bakal beunghar

Blusukan

Image
Kang RK  blusukan ke Pasar surapati Bandung, dalam blusukannya RK bertanya kepada ibu tua penjual awug. RK : "Sudah berapa lama jualan awug.?" Ibu : "Sudah hampir 40 tahun pak abdi teh icalan awug" dengan logat sunda yg kental RK : "Terus anak ibu mana, kenapa koq ngga ada yang bantu?" Ibu : "Anak saya ada 4 pa. Yang nomer -1 di Kodam III Siliwangi Yang nomer -2 di POLDA Jabar Yang nomer -3 di Kejaksaan Tinggi dan Yang nomer -4 di DPRD Provinsi Jabar jadi mereka sibuk semua pak..." RK menggeleng-gelengkan kepala karena kagum. Lalu, berbicara ke semua rombongan yang menyertainya. "Meskipun hanya jualan awug, ibu ini bisa menjadikan anaknya sukses dan jujur tidak korupsi..., karena kalau mereka korupsi, pasti kehidupan Ibu ini sudah sejahtera dan tinggal dirumah mewah..." RK : "Apa jabatan anak ibu di Kodam, di Polda, Kejaksaan Tinggi dan DPRD?" Ibu : "Sami pak... icalan awug oge. Sapertos abdi&q

Anak Hilang

Image
NYUHUNKEUN BANTOSANA​ Parantos angkat ti bumi saurang murangkalih istri tos 3 dinten teu acan uih. Nami : Fitria Yuswa : 19 thn Jangkung : 160 cm Berat badan : 45 kg Terakhir katingal di payuneun bumina sareng rerencangana. Ciri-cirina : + Ngangge kaos warna hejo ngora.  + Lancingan jeans warna biru anu satuur. + Kulit bersih + Rambut galing dipotong pendek. + Nganggo sendal capit warna hejo merk swallow. Upami mendakan murangkalih eta, pangwartoskeun sendalna PAHILI sareng ABDI. Hatur nuhun.

Asal Usil Cilaka 12

Image
ASAL USUL CILAKA 12 Piwuruk Sepuh, beja ti Aki Dina awak sakujur teh aya dua unsur, nyaeta : jasmani  jeung ruhani .. Dina bahasa sunda aya kecap JISIM KURING. . Jisim /jismun hartina Jasad, awak sakujur. Kuring/Abdi nyaeta Rohani 1.JISIM / jasad, bakal BILATUNGAN 2. KURING/ROH, bakal BALITUNGAN Kumargi kitu kahade ulah hayoh wae ngalus-ngalus jasad, sakumaha geulis jeung kasep, da tungtungna pasti BILATUNGAN . Ulah poho ka KURING/ABDI , sabab eta anu bakal BALITUNGAN Riksa Diri, Raksa Awak.. malah mandar salamet dunya aherat. Di tatar Sunda seueur pisan siloka kalebet kecap SUNDA  éta ngabogaan harti anu jero.. SUNDA téh ngandung harti NU NYUSUN DINA JERO DADA .. Anu kudu nyusun dina jero dada téh nyaéta kalimah : لااله الا الله jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti Aya 12 kawajiban , nyaéta 6 kawajiban bathin , 6 kawajiban dohir . Kawajiban bathin nyaeta Rukun iman 6 . Kawajiban dohir Rukun Islam 5  jeung I hsan 1 .. Jadi jumlah 12. Lamun manusa geus

Carita Sunda Romantis

Image
CARITA SUNDA ROMANTIS 👴: "kunaon eta beungeut?" 👨: "ditampiling ku pamajikan" 👴: "eleuuhh...? Naha geuning?" 👨: "Pedah kuring nyelapkeun kembang dina ceulina..." 😰: "Haarr? Eta adegan romantis kitu nepi ka ditampiling? Naha kembang naon anu diselapkeun dina ceulina teh?" 😩: "kembang api" 😱: "........" T A M A T

Surat Ti Indung

Image
SURAT TI INDUNG sakali deui aaaah bahasa mangle panggeuing keur hate anu tibra sare Anaking, anak Ema, kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna lembur nu beda jeung lembur urang baheula Anaking, anak incu mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema geus lain Ema anu baheula ! Anaking, kamelang Ema!mun hidep nyaah ka Ema,teu kudu bingung mulang tarima , tapi cukup bejaan Ema:yen hidep geus jadi jalma soleh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadahbari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Anjeuna Anaking, mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema: yen hidep nyaah ka Ema akur jeung dulur runtut-raut sauyunan silih hargaan silih elingan silih tulung silih bantu gogonjakan jiga baheula! Anaking, pang bejakeun ka anak incu hidep, yen Ema nyaah ka hidep! nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na, nyaah ku sumanget na! Bejakeun ka kulawarga hidep Ema geus nepi ka nu dituju, Ema r

Istri SoleHAHA

Image
"ISTRI SHOLEHAH HAH HAH" Istri :" Bapa sayang .. dinten ieu kan libur nya pa.. Urang nyobian posisi anyar yu... ". Suami :" hayu atuh mah .. siap bapa mah .. Emang na mamah hoyong posisi nu jiga kumaha bapa mah siap bade posisi kumaha ge..?". Istri :"yakin pa Suami " yakin seratus persen he Istri :" nya sok atuh ari yakin mah,mamaH hoyong nyobian posisi ngagoler dina korsi ,bari nonton TV ..". Suami :" mantaps .. teras bapa kumaha mah ..?". Istri :" bapa nyeseuhan , ngumbah piring, strika, nyapu jeng ngepel trus ngasuh budak, balanja, masak tos weh ..". *T A M A T*😂🤣😝👏👏👏👏

Ambulan Rumah Sakit Jiwa

Image
Ambulan Rumah Sakit Jiwa kapaksa eureun di jalan sabab ban na bocor. Sabot keur ngaganti ban, bakat ku kesel eta supir najong ban mobil, atuh eta baud teh aya nu ngacleng 4 laleungitan. Bari reuwas supir kukulutus bari ngomong rada tarik : "Waduh, kumaha ieu masangkeun ban , baud na racleng laleungit..?? ?!" Salah saurang pasien nu gelo na jero mobil ngomong .: "Kang, , coplokeun we tuh hiji baud tina masing-masing 3 ban eta, terus pasang keun kana ban anu coplok baud na tadi, jadi engke tiap ban meunang 3 baud, engke mun aya toko baud, tingal meuli 4 jang ngagantian nu tadi..." Supir rada reugreug ayeuna mh... "Pinter oge maneh euy... Tapi, naha maneh bisa asup rumah sakit jiwa ..??" Pasien di jero mobil ngajawab : "HELLOOOWW.. !!! Pliiiis dech.. !! Kami-kami mah ngan saukur GELO, lain BELEGUG siga ilaing . !! 😛😜😬😊😊😊

Memang Tos Jodona

Image
Memang tos Jodona Cowok : "Neng, namina saha" Cewek : " Alisha Shinta Septiani Fatma " Cowok : "Waduh....panjang nyak, ari nami panggilanna..?" Cewek : "Ashin Sefat" Cowok : "?????..." Cewek : "Ari nami Aa saha... ?" Cowok : " Kemas Jordan Lily Wetimena " Cewek : "Waw.. nami Aa keren, Turunan ningrat Ambon nyak Aa teh,  trus neng manggilna kumaha A..?" Cowok : " Kejo Liwet " Cewek : "Wew.Cihuyyy.hyayayay..., Geningan meni cocok pisan ngajodo Aa...! Ashin Sefat Kejo Liwet " 😃😃😃 wilujeng wayah kieu...🚬☕

Basa Nu Tos Jarang Di Angge Ku Urang Sunda

Image
Assalamualaikum.. Daramang dulur dulur...? Ieu bade ngemutan kasadayana...Basa anu parantos jarang di anggo ku Urang Sunda... 1. Atah Anjang = Langka Silih Anjangan 2. Adigung Adiguna = Takabur, Sombong 3. Ambek Nyedek tanaga Midek = Nafsu gede tapi tanaga euweuh 4. Anjing Ngagogogan kalong = Mikahayang Nu lain- lain 5. Adat kakurung ku Iga = Lampah Goreng Hese Leungitna 6. Alak Paul = Jauh Pisan 7. Aki-aki tujuh Mulud = Geus kolot Pisan 8. Ayem Tengtrem = Tenang teu aya kasieun 9. Asa teu Beungeutan = Awahing ku era 10. Anu Borok dirorojok = Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka 11. Amis budi = Hade Paroman 12. Aya jurig Tumpak Kuda = aya Milik Nu teu disangka-sangka 13. Aya jalan Komo meuntas = Aya Kahayang aya Nu ngajak 14. Awewe Dulang tinande = Awewe nurutkeun kahayang salaki 15. Amis Daging = Babarian Katerap Panyakit 16. Abong Letah teu Tulanga n = Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun Batur 17. Ari umur Tun

Pesan Idul Fitri Basa Sunda

Image
Urang palidkeun kapeurih ka sagara asih, Sulam kembang kanyaah  ku sutra hampura, Piceun kakeuheul ka sagara katineung, Teundeun kadeudeuh  di handeu-leum sieum, Tunda katresna di hanjuang siang,  Ganti kanyeri ku setraning ati, Rumaos sering tisoledat ilat,  tangtos aya basa nu teu karasa Lampah nu teu merenah... Janji nu teu ngajadi ... Neda sihapunten samudaya kalepatan  kasadaya Urang lubarkeun... Urang papag ku kabarokahan sangkan berkah. Wilujeng mapag sasih siam 1439 H Mugia saum urang ditampi ku Alloh SWT. Aamiin Yaa Mujiib

Nyobaan Telepon

Image
Rek nyobaan tlp, ah.. ◇♡◇ 📞Kriiing........... Udin: "Halloww... sareng Mekdi ?" Mcd: "IYA, ADA YG BISA SAYA BANTU?" Udin : "hayam aya?" Mcd : "OH ADA..." Udin: "adukeunlah jeung hayam urang, yuuk..!" tlp di tutup.......... 📞 kriiing............. Udin: "HALLOOO... Mcd : halloo..mau pesan apa?" Udin : " tutup jam sabaraha?" Mcd : " Non stop pak 24 jam" Udin : "hebat euy... teu sare atuh..!" tlp ditutup, sambil kesel.. 📞 kriing............. Udin : "Halloowww.. Mekdi?" Mcd : "IYA.. mau pesan apa?." Udin : "Hayam aya?" Mcd : "ADA..." Udin : "sangu?" Mcd : "ADA..." Udin : "ES krim?" Mcd:  "ADA..." Udin : "BURGER.. BURGER ?" Mcd: "ADA! BANYAK! KOMPLIT!!" Udin: "Aya kabeh euy.??? Hoooh.. teu payu meureun..???" Mcd : &quo

Loundry

Image
Humor sejenak: KOKOM : 'Kang, bieu Kokom tos ti jalan...ningali acuk meuni marurah pisan...bener2 murah kang... coba kang, Jas/Blazer oge ukur Rp 9.000, Kabaya Rp  8.000, Piyama Rp. 7.000, Daster Rp.5000, Kemeja Rp.7500 jeung Safari setelan ukur ngan Rp.14.000... murah pisan pan kang...?? Enggalan meser yu kang....kangge anggoeun Lebaran...' BABAS : 'Huaach... tunduh keneh Kom...waregah...!' KOKOM : 'Ah Akang mah kmh....ongkoh nitah hemat.. ari aya nu marurah waregah...kitu iy...!' BABAS : 'Heug heug atuh...ulah pundung... dmn nya tokona...???' KOKOM : 'Eta kang dipayun caket gang nu ka urang...!' BABAS : 'Kokoooom.. karek puasa salapan belas poe ge geus lieur maneh mah...!!' KOKOM : 'Na kmh kitu kang ?' BABAS : 'Eta mah loundriiiii.......!!!'

Kopi dan Semangka

Image
Hapunten ka sadayana, ieu mah mung sakadar ngemutan bilih ka alaman ku urang. Kanggo dulur dulur sadayana, sing ati-ati sareng taliti mugia teu kaalaman ku urang. Nembe pisan tatanggi abdi gugah kulem teras ibak maksadna teh bade angkat ka padamelan , sateuacan angkat ngaleueut heula kopi teras nuang samangka tiis nu disimpen dina kulkas, pas bade angkat kana motor, teu aya kila-kila atanapi pertanda nanaon... alias nuju sehat wal a'fiaat... langsung ngadadak teu tiasa ningali poek mongkleng sakurilingna, kesang tiis kalaluar, anjeunna ngajerit, ngagoak maca istighfar bari tulung tulungan...  Alhamdulillah Alloh masih nangtayungan panginten, sihoreng ngangge helm na tibalik.. .Astagfirullahaladzim... Allahu Akbar... Mugia Gusti nangtayungan ka urang sadayana, sing ulah kaalaman ku urang mah, sanes nanaon isin ku batur. Hatur nuhun. kasadayana...

Jelema "Gelo"

Image
Jelema "Gelo" Hiji Poe Uten Sareng Tedi Beres Ngala Suluh Di Karamat Prabudi Mutur Calik Dina Batu Di Sisi Walungan Cimuntur. Pok We Kang Uten Nyarios. Uten : Ted, Rek Pilkada Teh Naha Dikota Urang Ayeuna Mah Loba Nu Gelo. Tedi : Nu Gelo Timana (Bari Heran Ngabandungan Cariosan) Uten : Apal Teu Nu Gelo ? Tedi : Apal, Kitu Kumaha ? Uten : Kan Ari Nu Gelo Mah Sok Ngalakoana Nu Tara Dilakonan Ku Batur Atawa Tara Dilakonan Samemena, Tedi : Terus Kumaha, Kalah Bingun Ngabandungana ! Uten : Cike Tempo Tuh, Loba Nu Masang Poto Sisi Jalan, Dipaku Dina Tangkal, Biasana Kan Poto Dipajang Dina Pigura Ditapelkeun Di Imah. Bari Tatangkalan Teh Mahluk Hirup, Karunya Dipakuan. Tedi : Heueuhya, Uten : Terus Tempo Tuh Loba Nu Ngadadak Datang Ka Pangajian, Loba Nu Ngadadak Mere Sumbangan, Loba Nu Ngajak Seuri Tiheula, Loba Nungajak Sasalaman Tiheuala Padahal Wawuhge Henteu Bari Samemehna Mah Tara. Tedi : Heueuhnya. Uten : Geus Ulah Dipikiran Bisi Kabawa Gelo,

Teu Kudu Bru di juru, bro di panto

Image
Teu Kudu Beunghar, Nu Penting Sehat, Nudimaksad Tina Kalimat Dihandap Ieu. Tu Kudu Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah, rea ketan, rea keton, buncir leuit, loba duit. Di hareup undeureun, di tukang alaeun, di pipir petikeun, reumbeuy beuwungeun rambay alaeun, di kolong aya si jambrong, na parango aya si jago. Nu penting mah dibere sehat, Ngeunah dahar, tibra hees. Ngeunah nyandang ngeunah nyanding, ngeunah angeun ngeunah angen. Sabab sanajan harta lubak libuk teu kalebok mun keuna panyakit angger ripuh. Kabeuli gula, tapi teu meunang ngakan gula, beas loba tapi dahar oge kudu ditakar, Kabeuli daging jeung minyak, tapi kudu dikontrol da bisi kolesterol.

Ide Kreatif Bi Ijah

Image
" IDEU KREATIF BI IJAH "... Mang odang: "Jah, ieu kopi naon, naha rada haseum ?" Bi Ijah: "Ieu kopi istimewa, Kang... Ampir sami sarengkopi Luwak anu kasohor tea." mang Odang: "Oh, kitu .... Kopi naon ngarana ?" Bi Ijah: "Kopi Ucing, Kang. Abdi ngadamel nyalira, apanpraktek Ekonomi Kreatip tea." mang Odang : "Kunaon dibere ngaran kopi Ucing ?" Bi Ijah : "Margi diolahna lewat Ucing. Upami kopi Luwak,Kopina didahar ku Luwak heula sateuacan diolah, upamikopi Ucing mah didahar Ucing heula. Teras diolah jantenkopi bubuk. Abdi terinspirasi ku Kopi Luwak, namungsupados gampil abdi nganggo Ucing wae...da Di Imah urangkan aya 15 ucing kang. mang odang : "Ucing beukieun Kopi kitu ?" Bi Ijah : "Nya eta, henteu....tapi da kudu kreatip Kang,Kopina ku abdi dipekprek rada kasar, teras dicampurlauk asin, teras diparabkeun ka Ucing". (mg odangmimitiungarasa seu'eul). Bi Ijah: "Upami t

10 lagu piomongeun di Indonesia

Image
Ieu 10 lagu piomongeun di Indonesia:* 1. Halo-halo Bandung ibu kota Periangan (Har.. apan Bandung mah Ibu kota Jawa Barat lin? 😂) 2. Ibu kita Kartini Harum namanya (Teu puguh, ngaranna Kartini atawa Harum? 😂) 3. Pok amé-amé belalang kupu-kupu, siang makan nasi malam-malam minum susu (Ieu lagu keur budak atawa keur kolot? 😂) 4. Bintang kecil di langit yang biru (Ngacapruk! Maenya peuting langitna biru? 😂) 5. Pelangi-pelangi alangkah indahmu, pelukis mu Agung siapa gerangan? (Geus nyaho anu ngalukisna téh kang Agung, masih kénéh nanya! 😬) 6. Pada hari minggu kuturut ayah ke kota, naik delman istimewa ku duduk di muka (Budak téh teu sopan diuk dina beungeut kusir? 😬) 7. Balon ku ada lima, rupa-rupa warnanya. Hijau, kuning, kelabu, merah muda, dan biru. Meletus balon hijau "Doorrr" hatiku sangat kacau (Nu matak elpiji 3kg nu hejo loba nu ngabeledug! ) 8. Ambilkan bulan bu! Ambil kan bulan bu! Ambilkan bulan bu, di langit (Nitah indungna jadi astronot?😕)