Aki Mayar Pajeg Motor

Aki Mayar Pajeg Motor
Obrolan Aki jeng Incu

Incu : "Aki, tos timana, meni gaya kana motor..?"

Aki : "Geus mayar rujak, jang.. tah sakieu hargana gé.."

Incu : "Oh gening aki téh tos mayar pajak."

Aki : "Enya, tuh diditu tempatna téh, di kantor bangsat..!

Incu : "Ah, aki mah aya-aya waé.. Kantor Samsat meureun, ki.."

Aki : "Enya di kantor éta, jang.. Da aki téh kudu mawa nu kieu, tah.. pélkabé jeung sirop ésnangka..."

Incu : "Nukitu teh namina buku bépékabé, jeung surat éstéénka..."

Aki : "Oh... Enya, lieur aki téh, pédah tadi ku petugas awéwé, dititah ngeusian formalin, kudu maké lipen, teu meunang popolotot..."

Incu : "Maksudna kumaha aki téh, ngeusian formulir, nganggé pulpén, teu kenging ku patlot, kitu..?"

Aki : "Enya tah kitu, kusabab aki téh telat, nu telat mah bakal ditambahan randa, cenah.."

Incu : "Sanes randa atuh ki, denda..!"

Aki : "hehehe, enya... Ogé motor nu ieu mah mayarna leuwih mahal batan motor nu hiji deui, disebutna gé pajak ngagosip"

Incu : "Pajak progrésif, atuh ki..."
😅😁😆😜

Comments

Popular posts from this blog

Undangan Solat Jumat

Soal UTS Bahasa Betawi

Ide Kreatif Bi Ijah