Surat Ti Indung

Surat ti indung
SURAT TI INDUNG

sakali deui aaaah bahasa mangle
panggeuing keur hate anu tibra sare

Anaking, anak Ema, kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna lembur nu beda jeung lembur urang baheula

Anaking, anak incu mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema geus lain Ema anu baheula !

Anaking, kamelang Ema!mun hidep nyaah ka Ema,teu kudu bingung mulang tarima, tapi cukup bejaan Ema:yen hidep geus jadi jalma soleh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadahbari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Anjeuna

Anaking, mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema: yen hidep nyaah ka Ema akur jeung dulur runtut-raut sauyunan silih hargaan silih elingan silih tulung silih bantu gogonjakan jiga baheula!

Anaking, pang bejakeun ka anak incu hidep, yen Ema nyaah ka hidep! nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na, nyaah ku sumanget na!

Bejakeun ka kulawarga hidep Ema geus nepi ka nu dituju, Ema rek satia nungguan,di dieu, di hareupeun panto surga!

Anaking, anak-incu, wayahna, baca ieu surat saeutik deui !

Ema hayang mere beja nyambung beja anu baheula: nu manfaat di dieu, di alam baka; geuning lain harta, lain tahta,lain pangkat, lain jabatan, tapi wungkul amal soleh waktu di dunya nu dibungkus iman jeung katakwaan!

Ayeuna ku Ema geus karasa,geus karasa! karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga!

Anaking, anak-incu, mun hirup hidep kadungsang-dungsang, mun hidep loba ma’siat tibatan tobat, loba takabur batan tafakur,loba sasar batan istigfar, loba salah batan ibadah, omat Ema tong dibejaan,sabab teu sanggup ngadengekeunana!

Anaking,hampura, ema
😭😭😭
🌸🌸🌸🌸🌸🌸🌸🌸🌸🌸🌸

0 Comments

Odading Mang Oleh

“Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh” ORIGINAL : Odading mang oleh eh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading mang oleh didieu karna lamun teu ngadahar odading mang oleh maneh teu gaul jeung aing, lain balad aing goblog, ikan hiu, makan tomat goblog, odading mang oleh rasanya anjing banget. . . INDONESIA :  Odading pak oleh emm rasanya seperti anda menjadi ironman, belilah odading pak oleh disini karna kalau gak makan odading pak oleh kamu gak gaul sama saya, bukan teman saya goblog, ikan hiu makan tomat, goblog kalo gak kesini odading pak oleh rasanya anjing banget. . . INGGRIS :  Odading sir emm it feels like you ate an ironman, buy odading sir oleh here because if you don”t eat odading, sir, you don”t hang out with me, not my friend goblog, sharks eat eu tomatoes, goblog if not here, odading sir Oleh the taste of dogs really. . . Jerman :  Odading Sir by Emm Es fühlt sich an, als würden Sie ein Ironman. Kaufen Sie Odading Sir hier, denn wenn Sie kein...