Posts

Showing posts with the label Papagah

Peupeujeuh

Image
Abah : "jang, nu bisa nyieun gula saha?" Kuring : "emak bah.." Abah : "nu mere rasa amis saha..??" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "Nu nyieun imah saha?" Kuring : "tukang jeung insinyur bah" Abah : "nu mere betah saha?" Kuring : "Alloh bah" Abah : "Nu nyieun motor saha?" Kuring : "si Honda bah" Abah : "nu mere salamet di jalan saha?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "nu mere duit jajan ka budak saha?" Kuring : "abdi sareng indungna bah" Abah : "nu mere kabungah kana hate budak saha?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "Nu mere resep obat saha?" Kuring : "dokter bah.." Abah : "nu mere cageur?" Kuring : "Alloh bah.." Abah : "terus salila silaing kumalendang nepika kiwari, usaha ti isuk jedur nepi ka sore jeger boga maksud hayang naon jang?  Kadaharan ciga gula..? Imah tohaga

Meunang Kontes Domba

Image
Si Udin boga Domba alus, di  Majalaya aya Kontes Domba sehat, hadiahna duit Rp300 rebu. Si Udin ngilu lomba. Alhamdulillah meunang Kontes, hadiahna duit 300 rebu dibayar tunai ku Panitia, duitna 3 lambar 100,- rebuan. Waktu narima hadiah, bakat ku geumpeur, duitna anu 300 rebu murag, langsung diteureuy ku Domba na. Panitia nyarankeun yen Domba na sina nginum kopi, terus ditepak-tepak bujurna, ngarah Domba na bisa utah, ambeh duit nu diteureuyna bisa kaluar. Udin balik bari neangan kopi ka H. Dadi, bari nunungtun si domba.. pas ka imah H Dadi .Udin menta sagelas kopi. Ku Udin kopi na diinumkeun ka si Domba saregot, terus ditepak-tepak bujurna, Bener geuning kaluar salambar duit 100 rebu ! H. Dadi jadi kepo, langsung nawar 3 juta supaya Domba Udin jadi milik manehna. Udin ngajawab singket :  "Teu dijual !"  Udin nginumkeun deui kopi, terus nepakkan bujur Domba na, ..kaluar deui duit 100 rebu...!! H. Dadi beuki panasaran, ditawar eta Domba Udin teh jadi 10

Papagah Sunda | Hirup Ukur Ngumbara

Image
Kade nitip cu !, Ucap laku lampah Ulah nepi ka ngaraheutkeun HATE jeung PERASAAN batur. Sabab sangetna leweung, leuwih sanget ucapan jalma. Sekeutna pedang, leuwih sekeut Letah jelma nu raheut hate. Saucap nyata saciduh metu KADE CU.. Jaga, ulah rasa maneh pang aingna. Urang teh di alam Dunya ngan sa ukur ngumbara. Sagala kasenangan Dunya ukur pangbibita. Rupa ukur pupulasan . harta banda ukur titipan . Hirup moal salawasna senang. Hirup moal salilana peurih. Aya beurang aya peuting. Aya kasedih aya oge kabungah. Aya kasusah pasti aya kabagjaan. Kanyeri kapeurih pasti bakal aya ubarna. Boga Katugenah pasti bakal dibales kabungah. Sagalana oge pasti bakal aya jalanna jeung balesanna. Tina sagala anu tos karandapan ku diri urang. Pasti bakal aya hikmahna. .Hariring lain nu kuring .Haleuang lain nu urang . .Hariring nu Maha WΓ©ning .Haleuang nu Maha WΓ©nang . Eling-eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa . Nyucruk g

Surat Ti Indung

Image
SURAT TI INDUNG sakali deui aaaah bahasa mangle panggeuing keur hate anu tibra sare Anaking, anak Ema, kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna lembur nu beda jeung lembur urang baheula Anaking, anak incu mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema geus lain Ema anu baheula ! Anaking, kamelang Ema!mun hidep nyaah ka Ema,teu kudu bingung mulang tarima , tapi cukup bejaan Ema:yen hidep geus jadi jalma soleh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadahbari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Anjeuna Anaking, mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema: yen hidep nyaah ka Ema akur jeung dulur runtut-raut sauyunan silih hargaan silih elingan silih tulung silih bantu gogonjakan jiga baheula! Anaking, pang bejakeun ka anak incu hidep, yen Ema nyaah ka hidep! nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na, nyaah ku sumanget na! Bejakeun ka kulawarga hidep Ema geus nepi ka nu dituju, Ema r