Posts

Showing posts with the label Jeans

Ieu Nu Dipikasieun Ku Jin

Image
OBROLAN USTADZ JEUNG JIN Ustadz  : " Hey..  Jin, maneh sieun teu ku jalma nu rajin ibadah.?" Jin  : " Jaman NOW mah geus teu sieun deui Ustadz..  najan ahli ibadah tapi gampang disuap, dugem, nipu, munafiqun, nilep pajak, korupsi, mabok, zinah, nilep anggaran, ngajual narkoba , tos seueur nu katewak KPK OTT tΓ©a, jeung dosa- dosa nu laina. Padahal Kuring can ngaganggu ." Ustadz  : "Terus manΓ©h sieuna ku saha atuh ayeuna..?" Jin  : "Terus terang wΓ©... Ustadz, Kuring mah paling sieun pisan ku tukang jait nu nguriling kana sapΓ©dah. " Ustadz  : "Ah.. maneh mah sok aya -aya waΓ© maenya sieun ku tukang jait nu makΓ© sapΓ©dah???" Jin  : " Nya... rek teu sieun kumaha? sok geura baca ku Ustadz tulisana "TERIMA PERMAK JIN" : "Potong suku Rp 5000." " Potong leungeun 3000 " "Ngaleutikan beuteung Rp 15.000." "Tah komo deui mun aya nu wani mayar Rp.20.000,.. rΓ©k jiga kumaha rupa Kur