Posts

Showing posts with the label Carpon

Meunang Kontes Domba

Image
Si Udin boga Domba alus, di  Majalaya aya Kontes Domba sehat, hadiahna duit Rp300 rebu. Si Udin ngilu lomba. Alhamdulillah meunang Kontes, hadiahna duit 300 rebu dibayar tunai ku Panitia, duitna 3 lambar 100,- rebuan. Waktu narima hadiah, bakat ku geumpeur, duitna anu 300 rebu murag, langsung diteureuy ku Domba na. Panitia nyarankeun yen Domba na sina nginum kopi, terus ditepak-tepak bujurna, ngarah Domba na bisa utah, ambeh duit nu diteureuyna bisa kaluar. Udin balik bari neangan kopi ka H. Dadi, bari nunungtun si domba.. pas ka imah H Dadi .Udin menta sagelas kopi. Ku Udin kopi na diinumkeun ka si Domba saregot, terus ditepak-tepak bujurna, Bener geuning kaluar salambar duit 100 rebu ! H. Dadi jadi kepo, langsung nawar 3 juta supaya Domba Udin jadi milik manehna. Udin ngajawab singket :  "Teu dijual !"  Udin nginumkeun deui kopi, terus nepakkan bujur Domba na, ..kaluar deui duit 100 rebu...!! H. Dadi beuki panasaran, ditawar eta Domba Udin teh jadi 10

Tarif Angkot Kangge Nini-Nini

Image
Supir  : "cing atuh Nini…,kinten-kinten mayar ongkos téh ngan 500 perak..” Nini  : “ Har..,sugan téh saikhlasna." Supir  : “ Saikhlasna kumaha ari nini…? “ Nini  : “ pédah wé tadi nempo nu mayar..,aya nu 2.000..,aya nu 1.500..,aya ogé anu ngan 1.000..” Supir  : “ Eta mah ongkos budak Sakola..,anu calana abu-abu 2.000…,anu  calana bulao 1.500..,anu calana beureum 1.000…” Nini  : “ Ooh…,nya meujeuhna atuh nini mayar 500 perak…” Supir  : “ Nahaa…??? “ Nini  : “ Apan nini mah teu make calana “ 😀😀😀

Carita Sunda Romantis

Image
CARITA SUNDA ROMANTIS 👴: "kunaon eta beungeut?" 👨: "ditampiling ku pamajikan" 👴: "eleuuhh...? Naha geuning?" 👨: "Pedah kuring nyelapkeun kembang dina ceulina..." 😰: "Haarr? Eta adegan romantis kitu nepi ka ditampiling? Naha kembang naon anu diselapkeun dina ceulina teh?" 😩: "kembang api" 😱: "........" T A M A T

Loundry

Image
Humor sejenak: KOKOM : 'Kang, bieu Kokom tos ti jalan...ningali acuk meuni marurah pisan...bener2 murah kang... coba kang, Jas/Blazer oge ukur Rp 9.000, Kabaya Rp  8.000, Piyama Rp. 7.000, Daster Rp.5000, Kemeja Rp.7500 jeung Safari setelan ukur ngan Rp.14.000... murah pisan pan kang...?? Enggalan meser yu kang....kangge anggoeun Lebaran...' BABAS : 'Huaach... tunduh keneh Kom...waregah...!' KOKOM : 'Ah Akang mah kmh....ongkoh nitah hemat.. ari aya nu marurah waregah...kitu iy...!' BABAS : 'Heug heug atuh...ulah pundung... dmn nya tokona...???' KOKOM : 'Eta kang dipayun caket gang nu ka urang...!' BABAS : 'Kokoooom.. karek puasa salapan belas poe ge geus lieur maneh mah...!!' KOKOM : 'Na kmh kitu kang ?' BABAS : 'Eta mah loundriiiii.......!!!'

Kopi dan Semangka

Image
Hapunten ka sadayana, ieu mah mung sakadar ngemutan bilih ka alaman ku urang. Kanggo dulur dulur sadayana, sing ati-ati sareng taliti mugia teu kaalaman ku urang. Nembe pisan tatanggi abdi gugah kulem teras ibak maksadna teh bade angkat ka padamelan , sateuacan angkat ngaleueut heula kopi teras nuang samangka tiis nu disimpen dina kulkas, pas bade angkat kana motor, teu aya kila-kila atanapi pertanda nanaon... alias nuju sehat wal a'fiaat... langsung ngadadak teu tiasa ningali poek mongkleng sakurilingna, kesang tiis kalaluar, anjeunna ngajerit, ngagoak maca istighfar bari tulung tulungan...  Alhamdulillah Alloh masih nangtayungan panginten, sihoreng ngangge helm na tibalik.. .Astagfirullahaladzim... Allahu Akbar... Mugia Gusti nangtayungan ka urang sadayana, sing ulah kaalaman ku urang mah, sanes nanaon isin ku batur. Hatur nuhun. kasadayana...

Ide Kreatif Bi Ijah

Image
" IDEU KREATIF BI IJAH "... Mang odang: "Jah, ieu kopi naon, naha rada haseum ?" Bi Ijah: "Ieu kopi istimewa, Kang... Ampir sami sarengkopi Luwak anu kasohor tea." mang Odang: "Oh, kitu .... Kopi naon ngarana ?" Bi Ijah: "Kopi Ucing, Kang. Abdi ngadamel nyalira, apanpraktek Ekonomi Kreatip tea." mang Odang : "Kunaon dibere ngaran kopi Ucing ?" Bi Ijah : "Margi diolahna lewat Ucing. Upami kopi Luwak,Kopina didahar ku Luwak heula sateuacan diolah, upamikopi Ucing mah didahar Ucing heula. Teras diolah jantenkopi bubuk. Abdi terinspirasi ku Kopi Luwak, namungsupados gampil abdi nganggo Ucing wae...da Di Imah urangkan aya 15 ucing kang. mang odang : "Ucing beukieun Kopi kitu ?" Bi Ijah : "Nya eta, henteu....tapi da kudu kreatip Kang,Kopina ku abdi dipekprek rada kasar, teras dicampurlauk asin, teras diparabkeun ka Ucing". (mg odangmimitiungarasa seu'eul). Bi Ijah: "Upami t